Soal B sunda Kurikulum 2013

I.       Pilihan Ganda
1.      Pék baca tur tengetan wacana paguneman di handap kalawan taliti!
Putri                : “Mah, wios upami Putri naros ka Mamah?”
Mamah            : “Naros naon, Put? Bangun nu daria pisan.”
Putri                : “Ari tatakrama téh naon, Mah?”
Ratu                : “Tétéh terang,Mah! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?”
Mamah            : “Leres pisan. Tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Dina nyarita, waktu natamu, maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak malah mah ngaliwat ka payuneun batur ogé apan aya tatakramana.”
Putri                : “Upami dina anggoan kumaha, Mah?”
Ratu                : “Upami waktu natamu kumaha, Mah?”
Mamah            : “Upama dina papakéan, nu dipake ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu jeung situasi. Upama dina waktu natamu mah di antarana kudu ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”
Ratu                : “Mah, upami hubungan tatakrama sareng atikan moral kumaha? Wiréh Ibu Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta.”
Mamah            : “Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh raket pisan. Apan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran laku lampah hade jeung goréng
Téma tina paguneman di luhur nyaéta ngeunaan...
a.       Moral
b.      Ahlak
c.       Atikan
d.      Tatakrama
2.      Kaulinan barudak awéwé jeung lalaki anu dilakukeun ku lobaan sarta mikabutuh tempat anu lega. Barudak arulinna bari karakawihan sarta pauntuy-untuy bari nyekel taktak babaturan nu aya dihareupeunana.
Kaulinan di luhur disebut kaulinan....
a.       Cingciripit
b.      Gatrik
c.       Oray-orayan
d.      Gobag
3.      Pék baca tur tengetan pupujian di handap kalawan taliti!
éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peuting ulah weléh
bisina kaburu paéh
sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati
karasana geus sakarat
hanjakal kaliwat-liwat
henteu ngalampahan salat
ibadah dielat-elat
kaduhung kaliwat langkung
henteu nyembah ka Yang Agung
dina kiamat ku bingung
urang téh teu meunang embung
(Dicutat tina “Puisi Pupujian dalam Bahasa Sunda”)
 Amanat tina pupujian di luhur nyaéta...
a.       Muji ka gusti Allah
b.      Pépéling pikeun umat islam
c.       Menta dihampura dosa
d.      Du’a tobat ka pangeran
4.      Pék baca tur tengetan carita pangalaman di handap!
Sakola kuring rék ngayakeun kagiatan kémping anu tempatna di basisir Batu Karas. Ieu acara téh mangrupa acara resmi dina pramuka. Tujuan tina ieu kagiatan nyaéta salian ti piknik ogé sangkan urang leuwih wanoh kana lingkungan nu aya di sabudeureun urang. Di sagigireun éta ogé pikeun ngaraketkeun tali duduluran antara siswa jeung siswa oge siswa jeung guru. Jumlah pamilonna aya 60 urang, 30 urang ti tingkat tujuh, 30 urang ti tingkat dalapan. Katambah ku genep urang guru pangaping.
Rombongan inditna maké mobil sakola. Kira-kira jam dua geus nepi ka tujuan. Langsung ngadegkeun ténda dumasar kana reguna masing-masing. Teu kacaritakeun sakumaha resepna dijalanna téh lantaran barudak pada suka bungah gogonjakan. Saméméh mangkat, bapa kapala sakola ngawawadian sangkan sakabéh siswa bisa ngajaga ngaran sakola. Ulah ngaruksak lingkungan ogé mun ngojay tong kamalinaan.

Nilik kana eusina, pangalaman di luhur téh nyaritakeun ngeunaan...
a.       Ngojay di Batu Karas
b.      Silaturahmi di Batu Karas
c.       Piknik ka Batu Karas
d.      Kémping di Batu karas
5.      Pék baca tur titénan dongéng di handap!
Harita di Désa Karang Tanjung, ayeuna mah katelahna Désa Emplak --hirup sapasang  salaki-pamajikan. Nelahna Aki Angga Piara sareng Nini Ambu Kolot.
            Dina hiji waktos Ki Angga Piara badé ka laut, kinten wanci sareupna Ki Angga Piara parantos dadahut, mung hanjakal cuacana awon. Namung, Ki Angga Piara kumeukeuh, anjeunna naék parahu seja ka lautan milarian lauk.
Dadak sakala langit angkeub, kilat patingkolényay, gugur patingguludug, breg hujan kawas nu ditamplokkeun, umpalan ombak neunggar parahu Ki Angga Piara. Buuuuuuuaaarrrrrrrrrrrr! Barang kateunggar, parahu téh  ancur.  Ki Angga Piara kacandak ombak ka hilir ka girang, kabuntang-banting.
Nini Ambu ngadu’a sangkan tiasa dipendakkeun deui sareng pamegetna.  Teu lami ti harita, di tengah  sagara ujug-ujug kaluar batu karang, teras ngambang payuneun Ambu Kolot.
“Sing yakin, batu karang anu ngambang di hareupeun téh asalna tina jelmaan Ki Angga Piara. Jadi, ulah ngaharepkeun deui salaki anjeun bisa hirup kawas sabihara-sabihari!” Kitu nu kakuping ku Nini Ambu tina sora anu gaib téh.
            Nya Nini Ambu calik dina batu karang téa, bari teu weléh nyurucud cisoca. Gedé kanyaah sarta duriatna ka nu jadi salaki. Nini Ambu lungsur tina batu karang. Brek deku mayunan batu karang anu ngambang. “Nun Pangéran abdi, abdi kalintang nyaahna ka salaki abdi, salamina hoyong sasarengan. Jantenkeun abdi sapertos salaki abdi!”  Beuki murubut cisocana. Pamundut Nini Ambu diijabah ku Pangéran.
Dadak sakala langit anu tadina lénglang janten ceudeum. Paul ngajanggélék janten pulas hideung, pihujaneun. Kingkilaban ting bérébét silih samber, siga anu sukan-sukan, tur anginna anu tingsaléor kukurayeun. Jleg Nini Ambu ngajanggélék janten batu karang. Persisna, papayun-payun sareng batu karang ngambang jelmaan salakina. Wangunna sapertos awak nini-nini. Nya ti harita ku warga sapanjang basisir, éta patempatan téh dinamian Karang Nini. Sedengken batu karang anu ngambang di payuneunana, disebat Balé Kambang.

Dumasar kana eusi jeung palakuna dongéng di luhur kaasup kana dongéng ...
a.      Sasakala
b.      Fabél
c.       Parabél
d.      Mite
6.      Rectangle: Rounded Corners: Leuweung sumber cai bersih
Leuweung sumber hawa bersih
Leuweung sumber kahirupan

Leuweung ruksak
Urang balangsak







Téma tina iklan layanan masarakat di luhur nyaéta ngeunaan ...
a.       Ngajaga lingkungan hirup
b.      Ngajaga kasehatan
c.       Ngajaga kabersihan
d.      Ngahémat cai
7.      Pék baca tur tengetan ieu conto sajak di handap!
AKI JEUNG BALON
Karya: Ami Raksanagara

Beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan
Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan
Dibaturan sobat ngaran rancatan
Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

Kakapalan kukudaan tarompét henteu tinggaleun
Geus biasa unggal poé ka unggal budak nawarkeun
Ujang, Eulis yeuh tingali barang Aki
Geura galeuh keur ameng engké di bumi

Aki! Aki! Abdi mah da hoyong balon
Deudeuh teuing kasép di Aki mah henteu aya
Niupna ogé Aki mah geus teu kawasa
Ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
Ari Aki sakieu nya kakolotan

Mending ogé kasép ieu yeuh kokolécéran
Lamun angin muterna téh aduh jeung tarik pisan
Resep teuing engké ameng lulumpatan
Aki! Ka dieu! Kétang da abdi mah moal meuli
Ulah kitu kasép bet abong ka aki-aki
Ceuk sepuh mah kasép ngaheureuyan téh pamali

Hiji dua léngkahna teuing ku beurat
Aya haté milu lewang paur umurna bret pegat
Teuing di mana Si Aki tetep nya matuh
Boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung
Ngan nu nyata kulitna asak ku poé

Aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing nu nulungan
Aki, mun ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan
Aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan
Aki! Aki! Rék ka mana lamun panonpoé saré

(Dicutat tina naskah Kuwung-kuwung: Bacaan Kiwari Murid SMP/M.Ts.)

Anu hayang ditepikeun ku panyajak dina sajak di luhur téh nyaéta....
a.       Barudak kiwari mah geus teu resepeun kana kaulinan baheula
b.      Aki-aki mah geus teu bisa niup nalon
c.       Sanajan geus kolot angger kudu usaha
d.      Di sabudeureun urang aya jalma anu nasibna goréng
8.      Suasana anu karasa tina éta sajak nyaéta...
a.       Gumbira
b.      Waas
c.       Amarah
d.      Hariwang
9.      20180301_112121.png
Rarangkén dina aksara Sunda di gigir fungsina pikeun...
a.       Ngarobah vokal /a/ jadi /eu/
b.      Ngarobah vokal /a/ jadi /i/
c.       Ngarobah vokal /a/ jadi /u/
d.      Nambahan konsonan /+ng/

10.  Pék titénan sempalan rumpaka kawih “És Lilin” di handap!
És lilin mah Ceuceu kalapa muda,
dibantun mah dibantun ka Sukajadi.
Abdi isin dunungan samar kaduga,
Sok sieun mah aduh henteu ngajadi

Ditilik tina wangunna, rumpaka kawih di luhur mangrupa wangun…
a.       Sisindiran
b.      Pupuh
c.       Guguritan
d.      Sajak
11.  Pék titénan sempalan rumpaka kawih “Peuyeum Bandung” di handap!
Di mana mana di kampung di kota
Geus kakoncara ku nimat rasana
Sampeu asalna teu diréka-réka
Naon namina ku matak kabita

Maksud tina kecap kakoncara dina rumpaka kawih di luhur nyaéta...
a.       Teu arapal
b.      Kasohor
c.       Teu wanoh
d.      Kadéngé
12.  Nyumponan unsur 5W+1H mangrupa pasaratan dina nyieun ....
a.       Biantara
b.      Warta
c.       Iklan
d.      Wawaran
13.  Ka kulah nyair kapiting
Ngocok lobak bobodasna
.......................................
Osok loba gogodana

Eusi nu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaéta…
a.       Ulah ulin kamana baé
b.      Hirup ulah caliweura
c.       Ulah sok liar ti peuting
d.      Mun teu boga pangarti
14.  Belut sisit saba darat
Kapiraray siang wengi
Ditilik tina jumlah padalisan, sisindiran di luhur kaasup kana jenis ....
a.       Rarakitan
b.      Paparikan
c.       Sesebréd
d.      Wawangsalan
15.  Baca tur tengetan cutatan ieu wacana di handap!
Rigig Bebegig Sukamantri
Bebegig Sukamantri, lain seni tradisi anu lahir ti beulah batu. Ceuk ujaring sepuh, taun 1970-an, kokolot Désa Campaklarang, Kacamatan Sukamantri, ngaréka cipta ieu kasenian. Mangrupa kasenian hélaran, anu ahirna jadi kasenian has Sukamantri. Anu jadi dadasarna, cenah raket patalina jeung carita rayat Prabu Sampulur. Raja gagah sakti mandraguna anu meruhkeun  rereged di Pulo Jawa. Gambaran kagagahan Sang Prabu cenah, beungeut bebegig Sukamantri téh.
                             (Dicutat jeung diropéa deui tina Majalah Cahara Bumi Siliwangi)

Wacana di luhur kaasup kana karangan artikel lantaran ..
a.       Ditulis dina basa lancaran nu eusina ngaguar kasenian
b.      Karangan wangun lancaran nu eusina ngaguar teknologi
c.       Karangan wangun lancaran nu eusina ngaguar elmu pangaweruh
d.      Karangan wangun lancaran nu eusina ngadadarkeun hiji perkara nepi ka bubuk leutik
16.     Baca tur lenyepan ieu guguritan di handap!
Beurang peuting tambah capé ati
       Jeung tambah rampohpoy
       Wungkul inget ka salaki waé
       Mugi aya kadar panggih deui
       Mun teu panggih deui
       Anggur pondok umur
      
       Guru wilangan jeung guru lagu pupuh di luhur nyaéta…
a.    10-i, 6-o,10-é,10-i,6-i,6-u
b.    10-i, 6-u,10-e,10-i,6-i,6-u
c.    10-i, 6-i,10-é,10-i,6-i,6-u
d.    10-i, 6-o,10-u,10-i,6-i,6-u
17.     Pupuh mijil di luhur ngabogaan watek...
a.     Gumbira
b.     Waas
c.     Sedih
d.     Ngalalana
18.     Dina unggal acara sok aya pembawa acara nu dina istilah bahasa Sunda disebut...
a.    Panata calagara
b.   Panata acara
c.    Panta harta
d.   Girang serat
19.     Baca sempalan carpon di handap!
          Tisna jeung Cecep kawas nu sungkan rek balik teh. Leumpangna anate bari meusmeus ngalieuk ka tukang. Ngalieukan Pa Jaja . tapi Pa Jaja teu tembong deui. Duka terus ka mana.
          “Naha saha nu boga dosana, nya Cep?”omong Tisna bangun panasaran.
          “ Nyasat atuh ari uing nyaho mah, engges we tadi bejakeun ka Pa Jaja. Meeureun urang moal kasiksa, kabawa ku nu boga dosanan,” tembal Cecep kerung.
          “ Enya nya. Aya sajam mah urang ditahan di kelas teh?”
          “Enya kawasna. Batur mah geus ka mana boa.”
          “Wah, boa batur urang boa saha. Geuning tadi digaradah teu kapanggih?” ceuk Cecep.
         
          “ Puguh ari kituna mah. Tapi ..pek we pikir. Kapan leungitna artos Pa Jaja teh dina waktu istirahat. Saha jalmana nu wani laha loho ka kelas urang dina waktu isstirahat ?”
          “ Ah teu mustahil murid kelas sejen oge. Boa teuing aya nu nengetan yen Pa Jaja sok nyimpen artos dina tas eta. Naha atuh nya, make digolerkeun dina meja ari aya artossna mah?”
          “ bakat ku percaya we sugan, kapan biasana oge tara aya nanaon. Mangkaning baraha artos SPP cenah. Sabaraha tadi teh?”
          “ Tilu rebu.”
“ hun, lamun uing boga duit sakitu, meureun bisa nambakeun Ema!” omong Tisna nglimba.
............................................................................................................................................................................................................................................................................................................
          “Naha bet hayang ka cai,. Ka lebak heula ah!” omong Tisna bari mengkol ka jalan satapak.
          “ Lain ngalelewe, puguh enya hayang ka cai,”tembal Cecep nuturkeun.
          Di lebak teh aya balong, meujeuhna gedena. Di juru beulah kaler aya tajug. Gigireunana aya pancuran, caina heurang ngagelenggeng. Cinyusu kitu. Teu jauh ti dinya, aya pamiceunan. Paranti urang tonggoh nu teu boga pamiceunan sorangan. Barang Tisna jeung Cecep rek arasup ka pancuran, ti jero tajug aya nu ka luar bangun rusuh. Ana prok padeuleu beungeut, itu reuwas ieu kaget.ngajarengjen salila – lila.
          “ tas naon, Kuk ...... ti tajug?” ceuk Tisna
            Ikuk nu kakara kaluar ti tajug, samar polah. Leungeun katuhuna disumputkeun katukang, bari pokna,”Eu.... heunteu.Taeun, Tis ... lohor heula ...,”omongna geumpeur.
          “Sisinarieun euy, mani ngahagal salat di dieu! Ari eta naon ?” omong Cecep nyampeurkeun.
          “Ah... lain nanaon ...,”tembal Ikuk bari undur – unduran. Leungeun katuhuna nyekel bungkusan. Tisna jeung Cecep wuwuh ngangseg. Curiga ku polah Ikuk, kek bae Cecep nyekel leungeun Ikuk. Bungkusan tea direbut ku Tisna. Barang dibuka singhoreng … duit. Kabehna aya tilu rebu perak.
          “Nyaho, bener sangkaan uing?”omong Tisna bari nembongkeun duit ka Cecep.

Ditilik dina unsur-unsurna, carita pondok di luhur ngagunakeun galur...
a.       Mobok tengah
b.      Pandeuri tiheula
c.       Mérélé
d.      Campuran
20.     Nu jadi latar tempat dina carita pondok diluhur  nyaeta...
a.       Balong
b.      Ruang kelas
c.       Pancuran
d.      Pipir tajug atawa masjid
21.     Titénan téks biantara di handap!
(1) Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan. Hapunten bilih aya kalepatan.
(2) Jalaran kitu simkuring umajak ka sadaya, sumangga urang mangpaatkeun ieu kagiatan kanggo ngarojong cita-cita sareng udagan urang sadaya.  Kasakumna patandang simkuring ngadugikeun wilujeng tandang makalangan.
(3)Dina ieu waktos urang sadaya ngempel teh bade mieling dibabarkeun nana ibu Raden Dewi Sartika. Diayakeun ieu acara the minangka tawis panghormat ka Ibu Dewi Sartika anu sakitu ageung jasana utamina dina widang atikan. Acara anu bade diaksanakeun dina waktos ieu the teu kinten munelna. Ieu acara oge baris direuah-reuah ku pameran sareng rupi-rupi pasanggiri
(4) Sadaya puji urang sanggakeun ka Gusti nu murbeng alam. Rohmat sinareng salam mugia didugikeun ka junjungan urang sadaya kanjeng Nabi Muhammad SAW. Langkung tipayun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka panata calagara nu parantos maparin waktos kangge sasanggem dina ieu acara.

Susunan anu merenah tina téks biantara di luhur nyaéta…
a.       4-3-2-1
b.      1-2-3-4
c.       2-3-4-5
d.      2-3-4-1
Pék titénan téks biantara di handap!
(I)                Pangersa bapa kapala sakola anu ku sim kuring dipikahormat, ibu /bapa guru katut staf TU anu ku sim kuring dipikahormat, parakanca rerencangan saangkatan sareng adi-adi sadaya anu ku sim kuring dipikadeudeuh sarta dipikatineung.
(II)              Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa riung mungpulung dina raraga nyakséni acara paturay tineung. Solawat miwah salam mugia ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya, nyaéta kangjeng nabi Muhammad SAW.
(III)           Bapa kalih ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.
(IV)          Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti réréncangan kelas tilu, hoyong cumarios ngedalkeun kereteg angen. Wiréh sim kuring saparakanca badé ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun. Teu aya sanés nu kapisanggem, iwal ti hatur nuhun kana pirang-pirang kasaéan Ibu kalih Bapa sadaya. Sim kuring saparakanca teu tiasa males kana éta kasaéan anging ngedalkeun du’a, pamugi naon rupi anu parantos dipaparin kénging ganjaran anu mangtikel-tikel. Atuh sim kuring ogé nyuhunkeun dihapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan.
(V)             Rupina mung sakitu anu kapihatur. Hapunten bilih aya basa nu kirang merenah kana manah.

22.  Anu mangrupa kalimah pangbagéa randegan dina téks biantara di luhur nyaéta...
a.       (I)
b.      (II)
c.       (III)
d.      (IV)
23.  Anu mangrupa bagian eusi dina biantara nyaéta...
a.       (I)
b.      (II)
c.       (III)
d.      (IV)
24.  Anu mangrupa bagian bubuka dina biantara nyaéta...
a.       (II)
b.      (III)
c.       (IV)
d.      (V)
25.  Anu mangrupa kalimah pangbagéa dina biantara nyaéta...
a.       (I)
b.      (II)
c.       (III)
d.      (IV)
26.  Bentuk suhunan imah di gigir mangrupa wangun…
a.       Julang ngapak
b.      Badak heuay
c.       Parahu mumureb
d.      Jogo anjing
27.  Ciri-ciri kampung adat di Jawa Barat téh nyaéta…
a. Mindeng ngalaksanakeun upacara adat
b. Jadi salasahiji obyék wisata adat
c. Wargana masih ngukuhan adat karuhun
d. Imahna mangrupa imah panggung
28.  Wangunan imah anu suhunanana mangrupa wangun badak heuay nyaéta gambar...


a. imah.jpg

b.

c. imah2.jpg
d.imah2.jpg



29.  Anu ngabédakeun antara kabudayaan masarakat di kampung adat jeung di kampung modérn nyaéta masarakat kampung modérn mah…
a.       Mindeng ngalaksanakeun upacara adat
b.      Wargana masih ngukuhan adat karuhun
c.       Geus niron-niron budaya deungeun
d.      Imahna mangrupa imah panggung

30.  Pék baca tur titénan wacana ieu di handap!

Monyét Ngagugulung Kalapa
Ku Dudum Sonjaya

       Monyét ngagugulung kalapa. Ti jaman kuda ngégél beusi tug nepi ka kiwari jaman beusi dijieun kuda, tacan aya anu mesék “kalapa” anu digugulung baé ku monyét. Jeung taya “monyét” anu panasaran kana eusi siloka ieu paribasa. Dina ayana ogé anu ngahartikeun, cenah “nu boga élmu teu bisa ngamangpaatkeunana”. Narima jawaban kitu téh deuih, nu nanya geus ngarasa sugema. Da nu nanyakeunana (meureun) monyét.
       Jeung naha atuh maké kalapa, lain jambé atawa samangka anu digugulung ku monyét téh? Ieu anu ngajadikeun kapanasaran téh. Jeung naha deuih monyét anu ngagugulungnanaha jelema anu teu daek mikir kitu anu dianggap monyét téh boa enya.
                             (Dicutat tina Buku Gapura Basa Kelas IX kaca : 56)

Kaasup kana naon ungkara “monyét ngagugulung kalapa”téh?
a.       Paribasa
b.      Babasan
c.       Cacandran
d.      Uga
31.  “Si Uday mah gedé hulu, abong-abong anak nu beunghar.”
Kecap gedé hulu di dinya, teu ngandung harti yén sirah Si Uday gedé, tapi ngandung harti “Si Uday téh.....”
a.       Teu boga kaera
b.      Sombong
c.       Alus budi parangina
d.      Taya gorengna
32.     Ulah........................ atuh ari ka dulur téh, Lis, bisi matak teu wawuh!
a.         Atah anjang
b.         Pajauh huma
c.         Bengkok tikoro
d.         Buntut kasiran
33.     Jelema anu soméah tur hadé parangina sok disebut....
a.    Budi parangi
b.    Amis budi
c.    Ngabudi ucing
d.    Alus budi
34.     Sing getol baé diajarna, Ujang, geuning paribasa gé ........................... Ku soson-soson mah bakal kahontal nu dipimaksud.
Paribasa pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta...
a.    Ngadék sacekna nilas saplasna
b.    Ngukur ka kujur nimbang ka badan
c.    Lamun keyeng tangtu pareng
d.    Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman
35.     Euh, sok tara bebeja Lina mah ari barang injeum téh, apan ceuk paribasa gé .........................................
       Paribasa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ......
a.    Mun teu ngakal moal ngakeul
b.    Nété tarajé nincak hambalan
c.    Nu asih dipulang sengit
d.    Mipit kudu amit ngala kudu ménta

Pikeun ngajawab patarosan nomer 36-40, pék baca sempalan novel ieu di handap!
“Ieuh, ieuh, manéhna, manéhna! Geura hudang geus beurang! Tah déngékeun hayam raong kongkorongok, manuk-manuk récét disarada,” cék Ambu Eméd ngageuingkeun salakina bari diguyah-guyah.
“Eeeeh...! Karah ieu téh geus beurang? Ari Si Eméd geus hudang, manéhna?” cék Pa Eméd bari nguliat, tuluy hudang.
“Ih, si éta mah irahaeun teuing hudang rebun-rebun, tampolana najan geus moncorong panonpoé ogé, ari teu di guyah-guyah mah, tara buru-buru hudang,” omong Ambu Eméd.
“Cing hudangkeun, rék dibawa ka sawah, sina diajar ngaseuk kacang!” Sanggeus ngomong kitu Pa  Eméd léos ka cai. Ari Ambu Eméd tuluy asup ka pangkéng rék ngageuingkeun Si Eméd.
“Eméd, hayu urang ka sawah, aing bantuan ngaseuk kacang!” cék bapana.
“Naha isuk-isuk teuing, Pa?” témbal Eméd.
“Ngarah iuh, jeung ngarah teu babari capé,” cék bapana.
“Ah, kuring mah engké baé, ari geus rada beurang ka sawah téh, ambéh ulah tiris teuing,” cék Eméd bari tuluy ngagolédag deui kana anggel.
“Astagah! Na sia ieu, bet kalah rék molor deui? pék sia engké digusur ku aing!”
“Keun baé atuh, manéhna, ulah dipaksa ari embungeun mah! Engké baé ari geus rada beurang ku kuring dijurungkeun ka sawah bari sakalian sina nganteuran!,”
“Beu, komo dipangmeunangkeun, atuh beuki bahula baé umat téh, ana kitu mah tangtu saumur-umur ogé moal aya kadaék.” Cék bapana.
“Wah, piraku! Sugan geus gedé ogé boga pikiran sorangan.”
Barang bapana Eméd ngadéngé omongan pamajikanana kitu, ngan gejlig, léos baé indit ka sawah bari gegelendeng.

36.     Sempalan novél di luhur eusina nyaritakeun....
a.       Indit ka sawah
b.      Nganteuran ka sawah
c.       Diajar ngaseuk
d.      Si Éméd kakara hudang saré
37.     Palaku utama dina sempalan novél di luhur nyaéta...
a.       Ambu
b.      Éméd
c.       Bapa
d.      Anggel
38.     Dina sempalan novél di luhur aya kalimah “Ari Ambu Eméd tuluy asup ka pangkéng rék ngageuingkeun Si Eméd,” éta kalimah nuduhkeun unsur intrinsik novél nyaéta....
a.    Watek palaku
b.    Amanat
c.   Latar waktu
d.   Latar tempat
39.    Watek anu kagambar dina diri Eméd nyaéta....
a.         Adigung
b.         Teu jujur
c.         Kedul
d.         Babarian

40.    Dina sempalan novel di luhur aya kalimah “Ih, si éta mah irahaeun teuing hudang rebun-rebun, tampolana najan geus moncorong panonpoé ogé, ari teu di guyah-guyah mah, tara buru-buru hudang,” omong Ambu Eméd.Suasana anu karasa tina éta novel nyaéta...
a.       Nyaritakeun si Emed kedul
b.      Nyaritakeun si Emed beuki saré
c.       Nyaritakeun si Emed keur gering
d.      Nyaritakeun si Emed adigung

II. Essay
41.    Sebutkeun 3 pangarang novél jeung judul karanganana kalawan jéntré!
42.    Tuliskeun ciri anu ngabedakeun drama jeung karangan wangun séjénna!
43.    Tuliskeun 3 pangarang naskah drama dina basa sunda jeung karya-karyana!
44.    Pék baca sempalan naskah drama di handap!
SIRUNG PAJAJARAN
Sanggeus karaton Pulasari Pandéglang kacangking ku Wadyabalad Surasowan Banten, bénténg Pamungkas Pajajaran di tungtung kulon runtag. Rahayat bubar katawuran,sewang-sewangan nyalametkeun diri. Sababaraha pamuda welasan taun tingkuniang tina panyalinungan dapuran hanjuang. Maranéhna, pamuda nu geus leungiteun harepanna.
Bujang I   : “Jeueung ituh! Silalatu ti lebah karaton teu pareum-pareum! Leuh, Dayeuh Pulasari tangtu geus jadi ruhak!”
Bujang II  : (SEDIH) “Bapa kuring tiwas katiruk panah lebah dadana. Indung katinggang tihang karaton nepi ka henteuna. Adi-adi … teuing kumaha nasibna…”
Bujang I   : Silalatu kalah beuki ngalobaan! (BARI NEUTEUP KA JAUHNA). Seuneu deui baé! Tangtu geus ngaléntab ka imah kuring.”
Bujang II  : “Hayam sakandang, kabéh géhéng jadi ruhak. Mangkaning meunang ngingu ti anakna kénéh.”
Bujang I   : “Leuh, leuit gé tangtu kabeuleum! Ti mana kuring dahar?”
Bujang III : Ieueueung! Ieu beuteung peurihh! Lapar!”
Bujang I   : “Leuh, karunya teuing! Ieu aya kénéh bongborosan, lumayan keur ganjel.”
Bujang III : (BARI NAMPANAN) “Geus dua poé ngan ngadaharan nu karieu, iraha atuh urang téh bakal manggih sangu?”
Lanjang I : Wayahna wé atuh Lur, batan peujit murilit kitu mah… keun sugan engké di pangungsian séjén urang manggih beubeutian….”,
Lanjang II : “Ah beubeutian nu kumaha deui, tangtu di lembur mana baé ogé geus teu nyésa. Nu puguh mah, urang bakal paéh kalaparan.”
a.       Tuliskeun deui bagian prolog nu aya dina naskah drama di luhur!
b.      Tuliskeun nu kaasup pituduh adegan nu aya dina naskah drama di luhur!

45.     Jelaskeun istilah-istilah dina drama nu aya dihandap!
a.       Prolog

b.      Epilog

Comments

Popular posts from this blog

Kumpulan Soal USBN B SUNDA SMP 2018

Kumpulan Soal B sunda Kurikulum 2013

KETERAMPILAN DASAR PETA DAN PEMETAAN