Kumpulan Soal B sunda Kurikulum 2013
I.
Pilihan Ganda
1. Pék titénan sempalan rumpaka kawih “És Lilin” di handap!
És lilin mah Ceuceu kalapa muda,
dibantun mah dibantun ka Sukajadi.
Abdi isin dunungan samar kaduga,
Sok sieun mah aduh henteu ngajadi
Ditilik tina wangunna, rumpaka kawih di luhur mangrupa wangun…
a. Sisindiran
b. Pupuh
c. Guguritan
d.
Sajak
2.
Pék titénan sempalan rumpaka kawih
“Peuyeum Bandung” di handap!
Di mana
mana di kampung di kota
Geus
kakoncara ku ni’mat rasana
Sampeu
asalna teu diréka-réka
Naon
namina ku matak kabita
Maksud tina kecap kakoncara
dina rumpaka kawih di luhur nyaéta...
a.
Teu arapal
b.
Kasohor
c.
Teu wanoh
d. Kadéngé
3.
Nyumponan unsur 5W+1H mangrupa pasaratan
dina nyieun ....
a.
Biantara
b.
Warta
c.
Iklan
d. Wawaran
4.
Ka kulah nyair kapiting
Ngocok
lobak bobodasna
.......................................
Osok loba
gogodana
Eusi nu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaéta…
a.
Ulah ulin kamana baé
b.
Hirup ulah caliweura
c.
Ulah sok liar ti peuting
d. Mun
teu boga pangarti
5.
Belut sisit saba darat
Kapiraray
siang wengi
Ditilik
tina jumlah padalisan, sisindiran di luhur kaasup kana jenis ....
a.
Rarakitan
b.
Paparikan
c.
Sesebréd
d. Wawangsalan
6.
Baca tur tengetan cutatan ieu wacana di handap!
Rigig Bebegig
Sukamantri
Bebegig
Sukamantri, lain seni tradisi anu lahir ti beulah batu. Ceuk ujaring sepuh,
taun 1970-an, kokolot Désa Campaklarang, Kacamatan Sukamantri, ngaréka cipta
ieu kasenian. Mangrupa kasenian hélaran, anu ahirna jadi kasenian has
Sukamantri. Anu jadi dadasarna, cenah raket patalina jeung carita rayat Prabu
Sampulur. Raja gagah sakti mandraguna anu meruhkeun rereged di Pulo Jawa. Gambaran kagagahan Sang
Prabu cenah, beungeut bebegig Sukamantri téh.
(Dicutat jeung diropéa deui tina Majalah
Cahara Bumi Siliwangi)
Wacana di
luhur kaasup kana karangan artikel lantaran ..
a.
Ditulis dina basa lancaran nu eusina
ngaguar kasenian
b.
Karangan wangun lancaran nu eusina ngaguar
teknologi
c.
Karangan wangun lancaran nu eusina ngaguar
elmu pangaweruh
d. Karangan
wangun lancaran nu eusina ngadadarkeun hiji perkara nepi ka bubuk leutik
7.
Baca tur lenyepan ieu
guguritan di handap!
Beurang peuting tambah capé ati
Jeung
tambah rampohpoy
Wungkul
inget ka salaki waé
Mugi
aya kadar panggih deui
Mun
teu panggih deui
Anggur
pondok umur
Guru
wilangan jeung guru lagu pupuh di luhur nyaéta…
a.
10-i, 6-o,10-é,10-i,6-i,6-u
b.
10-i, 6-u,10-e,10-i,6-i,6-u
c.
10-i, 6-i,10-é,10-i,6-i,6-u
d. 10-i,
6-o,10-u,10-i,6-i,6-u
8.
Pupuh mijil di luhur ngabogaan watek...
a.
Gumbira
b.
Waas
c.
Sedih
d. Ngalalana
9.
Dina unggal acara sok aya pembawa acara nu
dina istilah bahasa Sunda disebut...
a.
Panata calagara
b.
Panata acara
c.
Panta harta
d. Girang
serat
10.
Baca sempalan carpon di handap!
Tisna jeung Cecep kawas nu sungkan rek
balik teh. Leumpangna anate bari meusmeus ngalieuk ka tukang. Ngalieukan Pa
Jaja . tapi Pa Jaja teu tembong deui. Duka terus ka mana.
“Naha saha nu boga dosana, nya
Cep?”omong Tisna bangun panasaran.
“ Nyasat atuh ari uing nyaho mah,
engges we tadi bejakeun ka Pa Jaja. Meeureun urang moal kasiksa, kabawa ku nu
boga dosanan,” tembal Cecep kerung.
“ Enya nya. Aya sajam mah urang
ditahan di kelas teh?”
“Enya kawasna. Batur mah geus ka mana
boa.”
“Wah, boa batur urang boa saha.
Geuning tadi digaradah teu kapanggih?” ceuk Cecep.
“ Puguh ari kituna mah. Tapi ..pek we
pikir. Kapan leungitna artos Pa Jaja teh dina waktu istirahat. Saha jalmana nu
wani laha loho ka kelas urang dina waktu isstirahat ?”
“ Ah teu mustahil murid kelas sejen
oge. Boa teuing aya nu nengetan yen Pa Jaja sok nyimpen artos dina tas eta.
Naha atuh nya, make digolerkeun dina meja ari aya artossna mah?”
“ bakat ku percaya we sugan, kapan
biasana oge tara aya nanaon. Mangkaning baraha artos SPP cenah. Sabaraha tadi
teh?”
“ Tilu rebu.”
“ hun, lamun uing
boga duit sakitu, meureun bisa nambakeun Ema!” omong Tisna nglimba.
............................................................................................................................................................................................................................................................................................................
“Naha bet hayang ka cai,. Ka lebak
heula ah!” omong Tisna bari mengkol ka jalan satapak.
“ Lain ngalelewe, puguh enya hayang ka
cai,”tembal Cecep nuturkeun.
Di lebak teh aya balong, meujeuhna
gedena. Di juru beulah kaler aya tajug. Gigireunana aya pancuran, caina heurang
ngagelenggeng. Cinyusu kitu. Teu jauh ti dinya, aya pamiceunan. Paranti urang
tonggoh nu teu boga pamiceunan sorangan. Barang Tisna jeung Cecep rek arasup ka
pancuran, ti jero tajug aya nu ka luar bangun rusuh. Ana prok padeuleu
beungeut, itu reuwas ieu kaget.ngajarengjen salila – lila.
“ tas naon, Kuk ...... ti tajug?” ceuk
Tisna
Ikuk nu kakara kaluar ti tajug,
samar polah. Leungeun katuhuna disumputkeun katukang, bari pokna,”Eu....
heunteu.Taeun, Tis ... lohor heula ...,”omongna geumpeur.
“Sisinarieun euy, mani ngahagal salat
di dieu! Ari eta naon ?” omong Cecep nyampeurkeun.
“Ah... lain nanaon
...,”tembal Ikuk bari undur – unduran. Leungeun katuhuna nyekel bungkusan. Tisna jeung Cecep wuwuh ngangseg. Curiga ku polah
Ikuk, kek bae Cecep nyekel leungeun Ikuk. Bungkusan tea direbut ku Tisna. Barang
dibuka singhoreng … duit. Kabehna aya tilu rebu perak.
“Nyaho, bener sangkaan
uing?”omong Tisna bari nembongkeun duit ka Cecep.
Ditilik
dina unsur-unsurna, carita pondok di luhur ngagunakeun galur...
a.
Mobok tengah
b.
Pandeuri tiheula
c.
Mérélé
d.
Campuran
11.
Nu jadi latar tempat dina carita pondok
diluhur nyaeta...
a.
Balong
b.
Ruang kelas
c.
Pancuran
d.
Pipir tajug atawa masjid
12.
Titénan téks biantara di handap!
(1)
Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan. Hapunten bilih aya kalepatan.
(2) Jalaran kitu
simkuring umajak ka sadaya, sumangga urang mangpaatkeun ieu kagiatan kanggo
ngarojong cita-cita sareng udagan urang sadaya.
Kasakumna patandang simkuring ngadugikeun wilujeng tandang makalangan.
(3)Dina ieu waktos
urang sadaya ngempel teh bade mieling dibabarkeun nana ibu Raden Dewi Sartika.
Diayakeun ieu acara the minangka tawis panghormat ka Ibu Dewi Sartika anu
sakitu ageung jasana utamina dina widang atikan. Acara anu bade diaksanakeun
dina waktos ieu the teu kinten munelna. Ieu acara oge baris direuah-reuah ku pameran
sareng rupi-rupi pasanggiri
(4) Sadaya puji
urang sanggakeun ka Gusti nu murbeng alam. Rohmat sinareng salam mugia
didugikeun ka junjungan urang sadaya kanjeng Nabi Muhammad SAW. Langkung
tipayun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka panata calagara nu parantos
maparin waktos kangge sasanggem dina ieu acara.
Susunan anu merenah tina téks
biantara di luhur nyaéta…
a.
4-3-2-1
b.
1-2-3-4
c.
2-3-4-5
d. 2-3-4-1
Pék titénan téks biantara di handap pikeun ngajawab patarosan nomer 14-17!
(I)
Pangersa bapa kapala sakola anu ku sim
kuring dipikahormat, ibu /bapa guru katut staf TU anu ku sim kuring
dipikahormat, parakanca rerencangan saangkatan sareng adi-adi sadaya anu ku sim
kuring dipikadeudeuh sarta dipikatineung.
(II)
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti
Nu Maha Suci. Alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa riung mungpulung dina
raraga nyakséni acara paturay tineung. Solawat miwah salam mugia ngocor
ngagolontor ka jungjunan urang sadaya, nyaéta kangjeng nabi Muhammad SAW.
(III)
Bapa kalih ibu, hadirin sadaya anu
dipihormat.
(IV)
Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka
wawakil ti réréncangan kelas tilu, hoyong cumarios ngedalkeun kereteg angen.
Wiréh sim kuring saparakanca badé ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar
salami tilu taun. Teu aya sanés nu kapisanggem, iwal ti hatur nuhun kana
pirang-pirang kasaéan Ibu kalih Bapa sadaya. Sim kuring saparakanca teu tiasa
males kana éta kasaéan anging ngedalkeun du’a, pamugi naon rupi anu parantos
dipaparin kénging ganjaran anu mangtikel-tikel. Atuh sim kuring ogé nyuhunkeun
dihapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan.
(V)
Rupina mung sakitu anu kapihatur. Hapunten
bilih aya basa nu kirang merenah kana manah.
13.
Anu mangrupa kalimah pangbagéa randegan dina téks biantara di luhur nyaéta...
a.
(I)
b.
(II)
c.
(III)
d. (IV)
14.
Anu mangrupa bagian eusi dina biantara nyaéta...
a.
(I)
b.
(II)
c.
(III)
d. (IV)
15.
Anu
mangrupa bagian bubuka dina biantara
nyaéta...
a.
(II)
b.
(III)
c.
(IV)
d. (V)
16.
Anu mangrupa kalimah pangbagéa dina biantara nyaéta...
a.
(I)
b.
(II)
c.
(III)
d. (IV)

17.
Bentuk suhunan imah di gigir mangrupa
wangun…
a.
Julang ngapak
b.
Badak heuay
c.
Parahu mumureb
d. Jogo
anjing
18. Ciri-ciri
kampung adat di Jawa Barat téh nyaéta…
a. Mindeng
ngalaksanakeun upacara adat
b. Jadi
salasahiji obyék wisata adat
c. Wargana
masih ngukuhan adat karuhun
d.
Imahna mangrupa imah panggung
19. Wangunan
imah anu suhunanana mangrupa wangun badak heuay nyaéta gambar...
a. 

b. 

c. 

d.

20. Anu
ngabédakeun antara kabudayaan masarakat di kampung adat jeung di kampung modérn
nyaéta masarakat kampung modérn mah…
a.
Mindeng ngalaksanakeun upacara adat
b.
Wargana masih ngukuhan adat karuhun
c.
Geus niron-niron budaya deungeun
d.
Imahna mangrupa imah panggung
21.
Pék baca tur titénan wacana
ieu di handap!
Monyét Ngagugulung
Kalapa
Ku Dudum Sonjaya
Monyét ngagugulung kalapa. Ti jaman kuda
ngégél beusi tug nepi ka kiwari jaman beusi dijieun kuda, tacan aya anu mesék
“kalapa” anu digugulung baé ku monyét. Jeung taya “monyét” anu panasaran kana
eusi siloka ieu paribasa. Dina ayana ogé anu ngahartikeun, cenah “nu boga élmu
teu bisa ngamangpaatkeunana”. Narima jawaban kitu téh deuih, nu nanya geus
ngarasa sugema. Da nu nanyakeunana (meureun) monyét.
Jeung naha atuh maké kalapa, lain jambé
atawa samangka anu digugulung ku monyét téh? Ieu anu ngajadikeun kapanasaran
téh. Jeung naha deuih monyét anu ngagugulungnanaha jelema anu teu daek mikir
kitu anu dianggap monyét téh boa enya.
(Dicutat tina Buku
Gapura Basa Kelas IX kaca : 56)
Kaasup
kana naon ungkara “monyét ngagugulung kalapa”téh?
a.
Paribasa
b.
Babasan
c.
Cacandran
d. Uga
22.
“Si Uday mah gedé hulu, abong-abong anak
nu beunghar.”
Kecap
gedé hulu di dinya, teu ngandung harti yén sirah Si Uday gedé, tapi ngandung
harti “Si Uday téh.....”
a.
Teu boga kaera
b.
Sombong
c.
Alus budi parangina
d. Taya
gorengna
23.
Ulah........................ atuh ari ka
dulur téh, Lis, bisi matak teu wawuh!
a.
Atah anjang
b.
Pajauh huma
c.
Bengkok tikoro
d.
Buntut kasiran
24.
Jelema anu soméah tur hadé parangina sok
disebut....
a.
Budi parangi
b.
Amis budi
c.
Ngabudi ucing
d.
Alus budi
25.
Sing getol baé diajarna, Ujang, geuning
paribasa gé ........................... Ku soson-soson mah bakal kahontal nu
dipimaksud.
Paribasa
pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta...
a.
Ngadék sacekna nilas saplasna
b.
Ngukur ka kujur nimbang ka badan
c.
Lamun keyeng tangtu pareng
d. Ngindung
ka waktu ngabapa ka jaman
26.
Euh, sok tara bebeja Lina mah ari barang
injeum téh, apan ceuk paribasa gé .....
Paribasa
pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ......
a.
Mun teu ngakal moal ngakeul
b.
Nété tarajé nincak hambalan
c.
Nu asih dipulang sengit
d.
Mipit kudu amit ngala kudu ménta
Pikeun
ngajawab patarosan nomer 28-32, pék baca sempalan novel ieu di handap!
“Ieuh, ieuh, manéhna, manéhna!
Geura hudang geus beurang! Tah déngékeun hayam raong kongkorongok, manuk-manuk
récét disarada,” cék Ambu Eméd ngageuingkeun salakina bari diguyah-guyah.
“Eeeeh...! Karah ieu téh geus
beurang? Ari Si Eméd geus hudang, manéhna?” cék Pa Eméd bari nguliat, tuluy
hudang.
“Ih, si éta mah irahaeun teuing
hudang rebun-rebun, tampolana najan geus moncorong panonpoé ogé, ari teu di
guyah-guyah mah, tara buru-buru hudang,” omong Ambu Eméd.
“Cing hudangkeun, rék dibawa ka
sawah, sina diajar ngaseuk kacang!” Sanggeus ngomong kitu Pa Eméd léos ka cai. Ari Ambu Eméd tuluy asup ka
pangkéng rék ngageuingkeun Si Eméd.
“Eméd, hayu urang ka sawah, aing
bantuan ngaseuk kacang!” cék bapana.
“Naha isuk-isuk teuing, Pa?” témbal
Eméd.
“Ngarah iuh, jeung ngarah teu
babari capé,” cék bapana.
“Ah, kuring mah engké baé, ari geus rada beurang ka
sawah téh, ambéh ulah tiris teuing,” cék Eméd bari tuluy ngagolédag deui kana
anggel.
“Astagah! Na sia ieu, bet kalah rék
molor deui? pék sia engké digusur ku aing!”
“Keun baé atuh, manéhna, ulah
dipaksa ari embungeun mah! Engké baé ari geus rada beurang ku kuring
dijurungkeun ka sawah bari sakalian sina nganteuran!,”
“Beu, komo dipangmeunangkeun, atuh
beuki bahula baé umat téh, ana kitu mah tangtu saumur-umur ogé moal aya
kadaék.” Cék bapana.
“Wah, piraku! Sugan geus gedé ogé
boga pikiran sorangan.”
Barang bapana Eméd ngadéngé omongan
pamajikanana kitu, ngan gejlig, léos baé indit ka sawah bari gegelendeng.
27.
Sempalan novél di luhur eusina
nyaritakeun....
a.
Indit ka sawah
b.
Nganteuran ka sawah
c.
Diajar ngaseuk
d. Si
Éméd kakara hudang saré
28.
Palaku utama dina sempalan novél di luhur
nyaéta...
a.
Ambu
b.
Éméd
c.
Bapa
d. Anggel
29.
Dina sempalan novél di luhur aya kalimah “Ari Ambu Eméd tuluy asup ka pangkéng rék
ngageuingkeun Si Eméd,” éta kalimah nuduhkeun unsur intrinsik novél nyaéta....
a.
Watek palaku
b.
Amanat
c.
Latar waktu
d. Latar tempat
30.
Watek anu kagambar dina diri Eméd
nyaéta....
a.
Adigung
b.
Teu jujur
c.
Kedul
d.
Babarian
31.
Dina sempalan
novel di luhur aya kalimah “Ih, si éta mah irahaeun teuing hudang
rebun-rebun, tampolana najan geus moncorong panonpoé ogé, ari teu di
guyah-guyah mah, tara buru-buru hudang,” omong Ambu Eméd. “Suasana anu karasa tina éta novel nyaéta...
a.
Nyaritakeun si
Emed kedul
b.
Nyaritakeun si
Emed beuki saré
c.
Nyaritakeun si
Emed keur gering
d.
Nyaritakeun si
Emed adigung
32.
Pék baca
tur tengetan wacana paguneman
di handap
kalawan taliti!
Putri : “Mah, wios upami
Putri naros ka Mamah?”
Mamah : “Naros naon, Put? Bangun nu daria
pisan.”
Putri : “Ari tatakrama
téh naon, Mah?”
Ratu : “Tétéh
terang,Mah! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?”
Mamah : “Leres pisan.
Tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama
téh jembar pisan. Dina nyarita, waktu natamu, maké papakéan, waktu dahar,
anggah-ungguh awak malah mah ngaliwat ka payuneun batur
ogé apan aya tatakramana.”
Putri : “Upami dina anggoan kumaha, Mah?”
Ratu : “Upami waktu
natamu kumaha, Mah?”
Mamah : “Upama dina papakéan, nu dipake ku
urang téh kudu diluyukeun kana waktu jeung situasi. Upama dina waktu natamu mah
di antarana kudu ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”
Ratu : “Mah, upami hubungan tatakrama
sareng atikan moral kumaha? Wiréh Ibu Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual
éta.”
Mamah : “Hubungan tatakrama jeung atikan
moral téh
raket pisan. Apan nu disebut moral téh nyaéta ahlak,
ajaran
laku lampah hade jeung goréng”
Téma tina paguneman di luhur nyaéta
ngeunaan...
a.
Moral
b.
Ahlak
c.
Atikan
d. Tatakrama
33.
Kaulinan barudak awéwé jeung lalaki anu
dilakukeun ku lobaan sarta mikabutuh tempat anu lega. Barudak arulinna bari
karakawihan sarta pauntuy-untuy bari nyekel taktak babaturan nu aya
dihareupeunana.
Kaulinan di luhur disebut kaulinan....
a.
Cingciripit
b.
Gatrik
c.
Oray-orayan
d. Gobag
34.
Pék baca
tur tengetan pupujian di handap kalawan taliti!
éling-éling dulur
kabéh
ibadah
ulah campoléh
beurang
peuting ulah weléh
bisina
kaburu paéh
sabab urang bakal
mati
nyawa dipundut ku
Gusti
najan raja
nyakrawati
teu bisa
nyingkiran pati
karasana
geus sakarat
hanjakal
kaliwat-liwat
henteu
ngalampahan salat
ibadah
dielat-elat
kaduhung kaliwat
langkung
henteu nyembah ka
Yang Agung
dina kiamat ku
bingung
urang téh teu
meunang embung
(Dicutat tina “Puisi Pupujian dalam
Bahasa Sunda”)
Amanat tina pupujian di luhur nyaéta...
a.
Muji ka gusti Allah
b.
Pépéling pikeun umat islam
c.
Menta dihampura dosa
d. Du’a
tobat ka pangeran
35. Pék baca
tur tengetan carita pangalaman di handap!
Sakola
kuring rék ngayakeun kagiatan kémping anu tempatna di basisir Batu Karas. Ieu
acara téh mangrupa acara resmi dina pramuka. Tujuan tina ieu kagiatan nyaéta
salian ti piknik ogé sangkan urang leuwih wanoh kana lingkungan nu aya di
sabudeureun urang. Di sagigireun éta ogé pikeun ngaraketkeun tali duduluran
antara siswa jeung siswa oge siswa jeung guru. Jumlah pamilonna aya 60 urang,
30 urang ti tingkat tujuh, 30 urang ti tingkat dalapan. Katambah ku genep urang
guru pangaping.
Rombongan
inditna maké mobil sakola. Kira-kira jam dua geus nepi ka tujuan. Langsung
ngadegkeun ténda dumasar kana reguna masing-masing. Teu kacaritakeun sakumaha
resepna dijalanna téh lantaran barudak pada suka bungah gogonjakan. Saméméh
mangkat, bapa kapala sakola ngawawadian sangkan sakabéh siswa bisa ngajaga
ngaran sakola. Ulah ngaruksak lingkungan ogé mun ngojay tong kamalinaan.
Nilik
kana eusina, pangalaman di luhur téh nyaritakeun ngeunaan...
a.
Ngojay di Batu Karas
b.
Silaturahmi di Batu Karas
c.
Piknik ka Batu Karas
d. Kémping
di Batu karas
36.
Pék baca tur titénan dongéng di handap!
Harita di Désa Karang Tanjung, ayeuna mah
katelahna Désa Emplak --hirup sapasang salaki-pamajikan. Nelahna Aki
Angga Piara sareng Nini Ambu Kolot.
Dina
hiji waktos Ki Angga Piara badé ka laut, kinten wanci sareupna Ki Angga Piara
parantos dadahut, mung hanjakal cuacana awon. Namung, Ki Angga Piara kumeukeuh,
anjeunna naék parahu seja ka lautan milarian lauk.
Dadak sakala langit angkeub, kilat
patingkolényay, gugur patingguludug, breg hujan kawas nu ditamplokkeun, umpalan
ombak neunggar parahu Ki Angga Piara. Buuuuuuuaaarrrrrrrrrrrr! Barang
kateunggar, parahu téh ancur.
Ki Angga Piara kacandak ombak ka hilir ka girang, kabuntang-banting.
Nini Ambu ngadu’a
sangkan tiasa dipendakkeun deui
sareng pamegetna. Teu
lami ti harita, di tengah
sagara ujug-ujug kaluar batu karang, teras ngambang payuneun Ambu Kolot.
“Sing yakin, batu karang anu ngambang di
hareupeun téh asalna tina jelmaan Ki Angga Piara. Jadi, ulah ngaharepkeun deui
salaki anjeun bisa hirup kawas sabihara-sabihari!” Kitu nu kakuping ku Nini
Ambu tina sora anu gaib téh.
Nya
Nini Ambu calik dina batu karang téa, bari teu weléh nyurucud cisoca. Gedé
kanyaah sarta duriatna ka nu jadi salaki. Nini Ambu lungsur tina batu karang.
Brek deku mayunan batu karang anu ngambang. “Nun Pangéran abdi, abdi
kalintang nyaahna ka salaki abdi, salamina hoyong sasarengan. Jantenkeun abdi
sapertos salaki abdi!” Beuki murubut cisocana. Pamundut Nini Ambu
diijabah ku Pangéran.
Dadak sakala
langit anu tadina lénglang janten ceudeum. Paul ngajanggélék janten pulas
hideung, pihujaneun. Kingkilaban ting bérébét silih samber, siga anu
sukan-sukan, tur anginna anu tingsaléor kukurayeun. Jleg Nini Ambu ngajanggélék
janten batu karang. Persisna, papayun-payun sareng batu karang ngambang jelmaan
salakina. Wangunna sapertos awak nini-nini. Nya ti harita ku warga sapanjang
basisir, éta patempatan téh dinamian Karang Nini. Sedengken batu karang anu
ngambang di payuneunana, disebat Balé Kambang.
Dumasar kana eusi
jeung palakuna dongéng di luhur kaasup kana dongéng ...
a.
Sasakala
b.
Fabél
c.
Parabél
d. Mite
37. 

Téma tina iklan layanan masarakat
di luhur nyaéta ngeunaan ...
a.
Ngajaga lingkungan hirup
b.
Ngajaga kasehatan
c.
Ngajaga kabersihan
d. Ngahémat
cai
38. Pék baca tur tengetan ieu conto sajak di handap!
AKI JEUNG BALON
Karya: Ami
Raksanagara
Beurat teuing léngkah Aki ngukur
jalan
Kota Bandung geus biasa ku Aki mah
diléngkahan
Dibaturan sobat ngaran rancatan
Anu rantuy digantungan
barang-barang kaulinan
Kakapalan kukudaan tarompét henteu
tinggaleun
Geus biasa unggal poé ka unggal
budak nawarkeun
Ujang, Eulis yeuh tingali barang
Aki
Geura galeuh keur ameng engké di
bumi
Aki! Aki! Abdi mah da hoyong balon
Deudeuh teuing kasép di Aki mah
henteu aya
Niupna ogé Aki mah geus teu kawasa
Ripuh teuing da kedah nganggo
tanaga
Ari Aki sakieu nya kakolotan
Mending ogé kasép ieu yeuh
kokolécéran
Lamun angin muterna téh aduh jeung
tarik pisan
Resep teuing engké ameng lulumpatan
Aki! Ka dieu! Kétang da abdi mah
moal meuli
Ulah kitu kasép bet abong ka
aki-aki
Ceuk sepuh mah kasép ngaheureuyan
téh pamali
Hiji dua léngkahna teuing ku beurat
Aya haté milu lewang paur umurna
bret pegat
Teuing di mana Si Aki tetep nya
matuh
Boa dina iuh tanjung atawa dipayung
layung
Ngan nu nyata kulitna asak ku poé
Aki, mun ngajoprak sisi jalan saha
teuing nu nulungan
Aki, mun ngajoprak di jambatan di
mana nya pamatuhan
Aki, mun umur pegat di jalan saha
anu ngarawatan
Aki! Aki! Rék ka mana lamun
panonpoé saré
(Dicutat tina naskah
Kuwung-kuwung: Bacaan Kiwari Murid SMP/M.Ts.)
Anu
hayang ditepikeun ku panyajak dina sajak di luhur téh nyaéta....
a.
Barudak kiwari mah geus teu resepeun kana
kaulinan baheula
b.
Aki-aki mah geus teu bisa niup nalon
c.
Sanajan geus kolot angger kudu usaha
d. Di
sabudeureun urang aya jalma anu nasibna goréng
39.
Suasana anu karasa tina éta sajak
nyaéta...
a.
Gumbira
b.
Waas
c.
Amarah
d.
Hariwang

40.
Rarangkén dina
aksara Sunda di gigir fungsina pikeun...
a.
Ngarobah vokal /a/ jadi /eu/
b.
Ngarobah vokal /a/ jadi /i/
c.
Ngarobah vokal /a/ jadi /u/
d.
Nambahan konsonan /+ng/
II. Essay
41.
Sebutkeun 3 pangarang novél jeung judul
karanganana kalawan jéntré!
42.
Tuliskeun ciri anu ngabedakeun drama jeung
karangan wangun séjénna!
43.
Tuliskeun 3 pangarang naskah drama dina
basa sunda jeung karya-karyana!
44.
Pék baca sempalan naskah drama di handap!
SIRUNG PAJAJARAN
Pulasari Pandéglang 10 Méi 1579
Sanggeus karaton Pulasari Pandéglang kacangking ku
Wadyabalad Surasowan Banten, bénténg Pamungkas Pajajaran di tungtung kulon runtag. Rahayat bubar
katawuran,sewang-sewangan nyalametkeun diri. Sababaraha pamuda welasan taun
tingkuniang tina panyalinungan dapuran hanjuang. Maranéhna, pamuda nugeus
leungiteun harepan na kahirupan.
Bujang I : “Jeueung
ituh! Silalatu ti lebah karaton teu pareum-pareum! Leuh, Dayeuh Pulasari tangtu
geus jadi ruhak!”
Bujang II : (SEDIH) “Bapa kuring tiwas katiruk panah lebah dadana.
Indung katinggang tihang karaton nepi ka henteuna. Adi-adi … teuing kumaha
nasibna…”
Bujang I : Silalatu kalah beuki ngalobaan! (BARI NEUTEUP KA
JAUHNA). Seuneu deui baé! Tangtu geus ngaléntab ka imah kuring.”
Bujang II : “Hayam sakandang, kabéh géhéng jadi ruhak. Mangkaning
meunang ngingu ti anakna kénéh.”
Bujang I : “Leuh, leuit gé tangtu kabeuleum! Ti mana kuring
dahar?”
Bujang III : “Ieueueung!
Ieu beuteung peurihh! Lapar!”
Bujang I : “Leuh, karunya teuing! Ieu aya kénéh bongborosan,
lumayan keur ganjel beuteung”
Bujang III : (BARI NAMPANAN) “Geus dua poé ngan ngadaharan nu
karieu, iraha atuh urang téh bakal manggih sangu?”
Lanjang I : “Wayahna wé
atuh Lur, batan peujit murilit kitu mah… keun sugan engké di pangungsian séjén
urang manggih beubeutian….”,
Lanjang II : “Ah beubeutian nu kumaha deui, tangtu di lembur mana
baé ogé geus teu nyésa. Nu puguh mah, urang bakal paéh kalaparan.”
a.
Tuliskeun deui bagian prolog nu aya dina
naskah drama di luhur!
b.
Tuliskeun nu kaasup pituduh adegan nu aya
dina naskah drama di luhur!
45.
Jelaskeun istilah-istilah dina drama nu
aya dihandap!
a.
Prolog
b.
Epilog
Comments
Post a Comment