Kumpulan Soal USBN B SUNDA SMP 2018
A.
PILIHAN
GANDA
Wacana
Mangsa harita, di wewengkon Majaléngka ngadeg tilu karajaan Hindu.
Cakraningrat ngaheuyeuk Karajaan Rajagaluh, Pucuk Umun di Talaga, jeung Nyi
Rambut Kasih ratu Sindangkasih. Kacaritakeun, sabagian tina wewengkon
Sindangkasih masih mangrupa leuweung geledegan. Di antara tutuwuhanana aya
anu disebut tangkal maja, anu hasiatna pikeun nyageurkeun kasakit malaria
atawa muriang. Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon aya pamaréntahan anu
dipingpin ku ulama sohor, Syéh Sarif
Hidayatulloh. Jaman harita, di Cirebon sumebar kasakit muriang. Loba pisan
anu kaserang, malah anu nepi ka henteuna ogé réa deuih. Syéh Sarif ngutus
Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun néangan buah maja. Nya terus éta
dua utusan téh arindit. Lantaran utusan Cirebon datangna ka Sindangkasih
henteu permisi heula, Nyi Rambut Kasih henteu sukaeun wewengkonna ditincak ku
jalma lian. Antukna, ku Nyi Rambut Kasih leuweung anu asalna rembet ku
tangkal maja dadaksakala leungit ilang tanpa karana. Atuh dua utusan téh teu
manggihan buah anu keur ditaréangan. “Majané langka, majané langka!” ceuk éta
utusan dina basa Cirebon, anu maksudna tangkal maja téh euweuh. Nya ti harita
wewengkon Sindangkasih nelah jadi
Majaléngka.
|
1.
Pasipatan Nyi Rambut Kasih anu sidik tina
sempalan Babad Majaléngka di luhur nya éta....
a.
geulis kawanti-wanti c. gedé komarana
b.
gedé wibawa d. sakti mandraguna
1) Tuluy
jieun adonan tina uyah saléter jeung bubuk bata dua léter (ukuranana 1:2),
sanggeus kitu kucuran cai sacukupna, galokeun nepi ka rata
2) Mimiti,
siapkeun bahan anu diperlukeun, nya éta: endog meri, uyah badag, bata beureum
anu geus dibubukan, cai, jeung baskom
3) Sanggeus
nyieun adonan uyah jeung bubuk bata, bulen endog sing rata. Simpen di tempat
anu aman kira-kira saminggu
4) Kaduana,
pilih endog anu alus pikeun diasin, tandana nya éta endog henteu rengat atawa
buruk
5) Sanggeus
saminggu kumbah endog tina pamulenna nepi ka beresih. Endog asin bisa diolah
boh dikulub atawa digoréng
|
2.
Susunan paragraf éksposisi di luhur anu
bener nya éta....
a.
1-2-3-4-5 c. 2-4-1-3-5
b.
2-4-1-5-3 d. 2-4-3-5-1
Lemah cai kuring
Geuning geus loba nu kurang
Lemah cai kuring
Geuning geus loba nu hayang
|
3.
Maksud eusi sajak di luhur nya éta ....
a.
kasadaran kana kaéndahan lemah cai anu
taya duana
b.
tong loba carita ngeunaan lemah cai anu
geus ruksak jeung sarwa kakurangan
c.
lemah cai anu geus jadi ciri hiji bangsa
aya dina kaayaan anu pikabungaheun
d.
sumber daya alam loba nu ruksak tur loba
urang deungeun anu hayang ngapimilik lemah cai
4.
Ungkara anu merenah ditepikeun ku panumbu
catur nalika muka acara debat nya éta....
a.
“Alhamdulillah, asa bucat bisul ari geus
satuju saréréa mah. Ku kituna, debat Pro Kontra Facebook urang cukupkeun nepi
ka dieu heula.
b.
“Tah, kitu geuning pamadegan ti kelompok
hiji téh. Kumaha, aya anu badé mairan?”
c.
“Alhamdulillah, dinten ieu urang sadaya
tiasa kumpul dina acara debat Pro-Kontra Facebook. Loba pisan mangpaatna ku
ayana FB téh. Tapi teu saeutik deuih kagorénganana. Ku kituna, urang
padungdengkeun ayeuna. Cing, kumaha, aya anu boga pamadegan ngeunaan hal ieu?”
d.
“Nurutkeun abdi, FB téh kacida
diperlukeunana. Aya sawatara mangpaat ku ayana FB. Upamana baé, bisa ngalobaan
babaturan, bisa silih tukeuran informasi jeung batur, bisa ngirim e-mail. Malah
FB bisa dijadikeun lahan bisnis.
Abdi Silmi ti
kelompok 4, matéri anu didugikeun téh saé pisan mung sim kuring badé
nambihan. Anu didugikeun ku sadérék Rindi réhna aya nu nganggap yén musieum
téh ngan saukur tempat nyimpen barang-barang anu geus rongsok, barang
heubeul, éta kacida lepatna kumargi saleresna mah éta barang-barang téh
tangtu ngagaduhan ajén sajarah anu luhur. Anu tiasa janten pituduh keur urang
ngeunaan kamekaran peradaban bangsa. Janten sangkan henteu janten rongsokan,
peryogi diperhatoskeun téh kumaha cara ngarawat jeung miarana.
|
5.
Anu ditepikeun ku Silmi dina sempalan
diskusi di luhur téh mangrupa kateupanujuan kana pamanggih Rindi ngeunaan ....
a.
anggapan yén musieum loba gunana pikeun
tempat nyimpen banda sajarah
b.
anggapan yén musieum téh ngan ukur tempat
nyimpen barang rongsok jeung heubeul
c.
anggapan yén musieum bisa ngarumat jeung
miara banda-banda sajarah
d.
anggapan yén musieum jadi saksi kamekaran
peradaban bangsa
6.
Nyatetkeun hal-hal penting atawa ngarékam
jalanna sawala minangka tugas ....
a.
pamilon c. moderator
b.
panumbu catur d.
notulén
7.
Conto ungkara anu merenah diucapkeun ku
moderator dina ngadalikeun situasi sawala nya éta ....
a.
Kelompok 2 cicing heula tong waka mairan!
b.
Sim kuring panuju kana éta pamadegan, tapi
perlu bukti
c.
Kacindekanana hayu urang sami-sami
merangan narkoba
d.
Kanggo kelompok 2 mangga émutan heula éta
masalah, jalaran pedaran ti kelompok 3 ngeunaan pangaruh narkoba teu acan
réngsé
Data Kacilakaan Lalu
Lintas
Dumasar Jenis Kandaraan
|
|||
No
|
Kandaraan
|
Taun
|
|
2017
|
2018
|
||
1
|
Beus
|
36
|
34
|
2
|
Treuk
|
64
|
32
|
3
|
Pick Up
|
10
|
14
|
4
|
ST. Wagon
|
33
|
44
|
5
|
Jeep
|
2
|
0
|
6
|
Sedan
|
5
|
1
|
7
|
Motor
|
331
|
323
|
8
|
Lain-lain
|
0
|
19
|
Jumlah
|
481
|
467
|
8.
Tuduhkeun kalimah di handap ieu anu saluyu
jeung eusi tabél!
a.
kandaraan motor mangrupa kandaraan anu
data kacilakaanana pangsaeutikna
b.
kacilakaan lalu lintas dina taun 2018
leuwih nurun dibandingkeun dina taun 2017
c.
mobil sédan kaasup kandaraan anu data
kacilakaan lalu lintasna panglobana
d.
data di luhur nuduhkeun jumlah kacilakaan
beus ningkat dina taun 2018
Geus kitu jadi prihatin, Ibrahim teu
pati genah, sok mindeng ngahuleng baé, mikiran Alloh Ta’ala, kumaha nya
panyipta, ya Alloh Nu Maha Agung, muga maparin nya terang.
Unggal poé unggal peuting, Ibrahim kitu
pikirna, nyileuk ka pangéran baé, “muga Alloh maring padang”, tengah peuting
Ibrahim sujud, nyungkem padang narawangan.
|
9.
Sempalan wawacan di luhur téh eusina
nyaritakeun ngeunaan ....
a.
Ibrahim anu gawéna mindeng ngahuleng
b.
Alloh nu geus nyiptakeun Ibrahim
c.
Ibrahim nu teu weléh nyuhunkeun pituduh ti
Alloh
d.
sujud jeung pasrahna Ibrahim
10.
Wawacan di luhur ditulis ngagunakeun
patokan pupuh ....
a.
Kinanti c. Asmarandana
b.
Sinom
d. Dangdanggula
San, asa tos lami nya teu tepang? Meni sonoooooooo
pisan ka Santi téh. Komo basa muka facebook
Santi aya poto-poto nuju ngaliwet sisi balong sareng réréncangan SMP Santi,
Deuuuuuh.... resep jigana téh, émut harita nuju urang ngaliwet téa di bumi
Santi, heuuumm....
|
11.
Eusi surat di luhur téh ngébréhkeun ....
a.
kahariwang c. kakeuheul
b.
kasono d. Kasieun
12.
Sempalan di handap anu nuduhkeun bagéan
surat panutup nya éta ....
a.
Sakali-kalieun Galuh ameng atuh ka
Pangandaran, urang ka Batukaras sasarengan. Di ditu urang naék banana boat.
Galuh anu geulis.... tos heula nya seratna dugi ka dieu heula. Sanés waktos
disambung deui. Salam ka sadayana. Daaahhhhh....
b.
Luh kumaha damang? Mugia Alloh
nangtayungan Galuh sakulawargi salamina, Amiin. Alhamdulillah Novi gé dina
waktos ngadamel ieu serat mah nuju séhat walafiat, teu kirang sawios-wios. Mung
artos nu kirang waé téh hehehe
c.
Kang, sakatampina ieu serat kumaha damang?
Nuhun upami damang mah, Nida ogé dina waktos midamel ieu serat aya hibar
pidu’ana ti sadayana. Mamah sareng Apa ogé daramang. Kumaha ari ua Icih sareng
ua Dayat daramang? Muga-muga baé daramang nya...
d.
Kang, Nida hoyong ka Bandung dina waktos
liburan. Upami Kang Dodit aya waktos, Nida hoyong dipapagkeun di Terminal Leuwi
Panjang. Dinten Senén ping 9 April, kinten-kinten tabuh 10-an
Mal, kumaha peunteun raport seméster ayeuna? Alus teu? Alhamdulillah
urang mah peunteun rapot téh aralus, malah mah meunang réngking ka 2 di
kelas. Alhamdulillah dihadiahan ku Apa ulin ka Pangandaran, sakalian nganjang
ka lanceuk nu tugas di ditu. Di Pangandaran téh resep pisan, kuring ulin ka
tempat wisata anu kasohor saperti ka Pananjung, Batu Karas, Cukang Taneuh,
tur ka tempat anyar anu keur hits dina instagram nya éta Jojogan.
|
13. Sempalan di luhur téh minangka bagian ....
a.
bubuka surat c. panutup surat
b.
eusi surat d. tujulna surat
1) Padahal
pan jelas senyawa anu alus mah ayana dina bagian daunna.
2) Mangpaat
entéh kakara bisa réa karasa mun nginum entéhna lain éntéh celup atawa entéh
bungkus kemasan.
3) Sedengkeun
dina entéh kemasan, kandungan senyawa nu alus téh geus réa anu ruksak atawa
leungit.
4) Dina
entéh celup atawa kemasan, kandungan senyawa nu alus téh kurang, kajaba ngan
réa ngandung caffein, sabab entéh celup mah eusina bubuk-bubuk daun entéh nu
umumna asalna tina bagian handap jeung batangna.
|
14.
Susunan paragrap éséy di luhur anu pangbenerna nya éta....
a.
1-2-3-4 c. 2-4-1-3
b.
4-3-2-1 d. 2-3-4-1
Entéh nu
asalna tina daun camellia sinensei téh geus biasa diinum ti réwuan taun ka
tukang kénéh. Ari nu nimukeunana téh nya éta Kaisar Shennong di Cina taun
2737 SM. Ti Cina entéh terus sumebar ka sakuliah dunya, kaasup ka nusantara.
Di
wewengkon urang, entéh téh mimiti dipelak di pagunungan Bandung taun 1863. Nu
ngokolakeuanana kulawarga Holle, Kerkhoven, jeung Bosscha. Kebon entéh téh
terus ngalegaan dina taun 1878 sabada datang bibit entéh unggul ti Assam. Ku
heubeulna kanyaho urang Sunda kana entéh, teu anéh mun keur masarakat Sunda
mah nginum entéh téh geus jadi kabiasaan. Mun dina sapoé teu nginum entéh téh
jigana asa teu sampurna.
|
15.
Pikiran utama pada kahiji dina sempalan
éséy di luhur téh nerangkeun ngeunaan....
a.
asal muasal entéh
b.
keluarga Holle, Kerkhoven jeung Bosscha
anu ngokolakeun entéh
c.
kebon entéh terus ngalegaan dina taun 1878
d.
sumebarna entéh di Nusantara
Baca
cutatan naskah hutbah ieu di handap kalawan taliti!
Anjeun salawasna neneda sangkan bébas
tina seuneu naraka, tapi anjeun sorangan ngagebruskeun diri kana naraka. Ari
kahayang meunang sawarga, ngan jalan ka sawarga tara dirérét-rérét acan.
Anggur jalan naraka anu geus direumpeukan ku hahalang, dilabrak, diranjah.
|
16.
Hal anu penting tina sempalan naskah
hutbah di luhur nya éta ....
a.
Hayang asup ka sawarga
b.
Neneda bébas tina naraka tapi milampah
pinarakaeun
c.
Milampah jalan pinarakaeun
d.
Salawasna neneda sangkan bébas tina seuneu
naraka
Pikeun
ngajawab patalékan nomer 17-18, pék ilo ieu sempalan hutbah di handap kalawan taliti!
Anjeun percaya
kana ayana Allah, tapi henteu nyumponan kana hak-hak-Na. Teu saeutik jelema
hudang janari tengah peuting, ngadegkeun tahajud, sholat hajat, dikir, jeung
wiridan, tujuanana ukur hayang mageuhan kalungguhan, unggah darajat, naék
pangkat, laris dagangan. Bari sama sakali teu miharep rido Allah SWT.
|
17.
Kacindekkan tina sempalan hutbah di luhur
nya éta ....
a.
Percaya ka Allah, tapi teu sumembah
b.
Henteu nyumponan hak-hak Allah
c.
Jalma nu hayang mageuhan kalungguhan jeung
naék pangkat
d.
Teu miharep rido Allah
18.
Amanat tina hutbah di luhur, nya éta ....
a.
Teu percaya ka Gusti Allah c.
Hayang unggah darajat
b.
Ibadah miharep ganjaran d. Ibadah kudu ihlas
19.
Ieu di handap minangka padoman dina
nepikeun kritik, kajaba ....
a.
Kritik kudu ditepikeun ngagunakeun basa
anu sopan
b.
Kritik kudu dibarengan ku alesan anu puguh
c.
Kritik teu kudu dibarengan ku alesan anu
puguh
d.
Kritik teu malulu ningali kahéngkéranana
hungkul, saupama aya kapunjulanana ogé kudu diaku
1)
Nyebutkeun jejer (tema) biantara
2)
Nyieun kacindekan (kesimpulan) biantara
3)
Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
4)
Puji sareng Syukur ka Alloh SWT.
5)
Ménta idin tur sanduk-sanduk rék
biantara
6)
Ménta hampura tina kasalahan salila biantara
|
20.
Bagian anu kaasup dina kagiatan panutup
biantara di luhur, nya éta ....
a.
2-3-6 c. 1-2-3
b.
1-4-5 d. 2-4-6
Hapunten abdi sanés baé mapatahan ngojay ka meri.
Sakitu anu kapihatur.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
|
21.
Harti paribasa dina sempalan biantara di
luhur téh nya éta ....
a.
Nitah ngojay ka meri c. Mapatahan ka nu pinter
b.
Ngagiring meri d.
Ngabobodo ka nu pinter
Pikeun ngajawab
patarosan nomer 22-24, pék baca sempalan novel ieu di handap!
“Ieuh, ieuh,
manéhna, manéhna! Geura hudang geus beurang! Tah déngékeun hayam raong
kongkorongok, manuk-manuk récét disarada,” cék Ambu Eméd ngageuingkeun
salakina bari diguyah-guyah.
“Eeeeh...! Karah
ieu téh geus beurang? Ari Si Eméd geus hudang, manéhna?” cék Pa Eméd bari
nguliat, tuluy hudang.
“Ih, si éta mah
irahaeun teuing hudang rebun-rebun, tampolana najan geus moncorong panonpoé
ogé, ari teu di guyah-guyah mah, tara buru-buru hudang,” omong Ambu Eméd.
“Cing
hudangkeun, rék dibawa ka sawah, sina diajar ngaseuk kacang!” Sanggeus
ngomong kitu Pa Eméd léos ka cai. Ari
Ambu Eméd tuluy asup ka pangkéng rék ngageuingkeun Si Eméd.
“Eméd, hayu
urang ka sawah, aing bantuan ngaseuk kacang!” cék bapana.
“Naha isuk-isuk
teuing, Pa?” témbal Eméd.
“Ngarah iuh,
jeung ngarah teu babari capé,” cék bapana.
“Ah, kuring mah
engké baé, ari geus rada beurang ka sawah téh, ambéh ulah tiris teuing,” cék
Eméd bari tuluy ngagolédag deui kana anggel.
“Astagfirulloh!
Na sia ieu, bet kalah rék molor deui? pék sia engké digusur ku aing!”
“Keun baé atuh,
manéhna, ulah dipaksa ari embungeun mah! Engké baé ari geus rada beurang ku
kuring dijurungkeun ka sawah bari sakalian sina nganteuran!,”
“Beu, komo
dipangmeunangkeun, atuh beuki bahula baé umat téh, ana kitu mah tangtu
saumur-umur ogé moal aya kadaék.” Cék bapana.
“Wah, piraku!
Sugan geus gedé ogé boga pikiran sorangan.”
Barang bapana
Eméd ngadéngé omongan pamajikanana kitu, ngan gejlig, léos baé indit ka sawah
bari gegelendeng.
|
22. Watek anu
kagambar dina diri Eméd nya éta ....
a.
kedul c. teu jujur
b.
adigung d. babarian
23. Kalimah
anu nguatkeun watek Eméd dina sempalan novél di luhur nyaéta....
a.
Eeeeh...! Karah ieu téh geus beurang? Ari
Si Eméd geus hudang, manéhna?
b.
Ih, si éta mah irahaeun teuing hudang
rebun-rebun, tampolana najan geus moncorong panonpoé ogé, ari teu diguyah-guyah
mah, tara buru-buru hudang.
c.
Eméd, hayu urang ka sawah, aing bantuan
ngaseuk kacang!
d.
Wah, piraku! Sugan geus gedé ogé boga
pikiran sorangan.
24. Dina
sempalan novél di luhur aya kalimah “Ari
Ambu Eméd tuluy asup ka pangkéng rék ngageuingkeun Si Eméd,” éta kalimah
nuduhkeun unsur intrinsik novél, nya éta....
a.
watek palaku c. amanat
b.
latar tempat d. latar waktu
25.
Ieu di handap minangka hal-hal anu
ngabédakeun novel jeung carita pondok ....
a.
Eusina minangka carita imajinatif
b.
Kaasup kana carita prosa anyar
c.
Caritana méh sarua jeung kahirupan jalma
biasa
d.
Waktu anu diperlukeun pikeun maca éta
karangan
Tengetan sempalan
puisi ieu di handap!
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya
|
26. Jejer
sajak anu dimusikalisasi di luhur téh nya éta....
a.
réligi c. ahlak
b.
moral d. Tatakrama
Pék baca tur
tengetan cutatan wacana di handap!
Lumrah dina
kahirupan manusa, dina nyanghareupan hiji hal téh, aya nu pro jeung aya nu
kontra. Aya nu sapuk satuju, jeung aya nu
keukeuh teu mikeun. Kitu deui dina urusan Play
Station (PS). Kuring kaasup anu kontra. Teu satujuna téh lamun tepi ka
ngaganggu barudak anu kuduna keur dihucuhkeun kana nyiar pangarti.
Loba di antara
parasiswa di urang anu sakolana bangkar gara-gara maén PS. Bébéja ka kolot rék ka sakola, ménta ongkos ménta bekel sailaharna nu rek nyiar élmu.Ti imah jiga nu enya megat angkot, geus tepi ka
sisi jalan gedé
kalah nyimpang ka panyéwaan PS. Nagen di dinya nepi ka beurang nepi ka waktuna
bubar sakola....
(Dicutat tina Manglé No. 2108
8-14 Maret 2007)
|
27. Téma atawa
jejer anu dicaritakeun dina wacana di luhur téh nya éta ....
a.
Budaya c. Téknologi
b.
Réligi d. Ékonomi
Pikeun
ngajawab pananya nomer 28-30, pék baca sempalan wacana ieu di handap!
Monyét
Ngagugulung Kalapa
Ku: Dudum
Sonjaya
Monyét ngagugulung kalapa téh
kaasup paribasa lawas, ti jaman tai
kotok dilebuan tacan aya anu mesék “kalapa” anu digugulung baé monyét.
Jeung taya “monyét” nu panasaran kana eusi siloka ieu paribasa. Dina ayana
ogé anu ngahartikeun, cenah “nu boga élmu teu bisa ngamangpaatkeunana”.
Narima jawaban kitu téh deuih, nu nanya geus ngarasa sugema. Da nu nanyakeun
meureun kandel kulit beungeut.
|
28.
Maksud paribasa monyét ngagugulung kalapa dina wacana di luhur téh nyaéta....
a.
Nyaho kana luarna hungkul c.
Teu bisa ngungkulan pasualan
b.
Hayangeun kana eusi kalapa d.
Monyét kabitaeun ku eusi kalapa
29.
Maksud paribasa tai kotok dilebuan dina wacana di luhur téh nya éta ....
a.
Jaman buhun c. Jaman sajarah
b.
Jaman now d. Jaman kiwari
30.
Maksud paribasa kandel kulit beungeut dina wacana di luhur téh nya éta ....
a.
Teu boga kaéra c.
éraan
b.
Ngérakeun d. Pikaéraeun
Naon Sababna
Mobil Maké Gilinding?
...................................................
Ceuk élmu
fisika, usikna hiji barang, naha mobil atawa naon waé, dilantarankeun ku
ayana dua gaya anu mangaruhan éta barang. Dina Hukum Newton éta dua gaya téh
disebut aksi-réaksi. Lantaran aya gaya dorong tina mesin (aksi) mobil bisa
maju (réaksi). Salian ti éta, barang anu usik bakal nimbulkeun gaya gésékan
jeung barang anu séjénna. Gedé leutikna gaya gésékan anu tumerap kana hiji
barang dipangaruhan ku rupa-rupa paktor, di antarana sipat; sipat barangna
(naha benda padat ka benda padat, benda padat ka benda cair, jsb.);
lemes-kasarna; lega-henteuna, jeung wangunna.
|
31.
Eusi wacana di luhur téh nyaritakeun
ngeunaan ....
a.
Hukum Archimides c.
Hukum Gravitasi
b.
Hukum Newton d.
Hukum Boyle
Ilo naskah sajak
ieu di handap kalawan taliti!
Nu Nyusuk dina
Sukma
(Chye Retty Isnendes)
Dina badra Ambu
nitipkeun caang
bisi Enung
kapoékan
Dina surya Ambu
nitipkeun daya
bisi Enung kalémpohan
Dina geni Ambu nitipkeun panas
bisi Enung kabulusan
Dina angin Ambu nitipkeun
hiliwir
bisi Enung bayeungyang
|
32.
Eusi sajak di luhur téh nyaritakeun....
a.
kanyaah anak ka indungna c. kaayaan Enung anu keur susah
b.
kanyaah indung ka anakna d. kaayaan Ambu anu keur susah
Pék baca tur tengetan
conto dialog ieu di handap kalawan taliti!
Putri : “Mah, wios upami Putri naros ka Mamah?”
Mamah : “Naros naon, Put? Bangun nu daria pisan.”
Putri : “Ari tatakrama téh naon, Mah?”
Ratu : “Tétéh terang, Mah! Tatakrama téh aturan sopan santun téa,
nya?”
Mamah : “Leres. Sakumaha ceuk Téh Ratu, tatakrama téh mangrupa aturan
sopan santun dina hirup kumbuh
sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Dina nyarita, waktu nyémah atawa natamu,
maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak malah mah ngaliwat ka payuneun
jalma ogé apan aya tatakramana.”
Putri : “Upami dina anggoan kumaha, Mah?”
Ratu : “Upami waktu natamu kumaha, Mah?”
Mamah : “Upama dina papakéan mah nu dipake ku urang téh kudu
diluyukeun
kana waktu jeung situasina. Upama
dina waktu natamu mah di antarana kudu ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok
panto tilu kali.”
Ratu : “Mah, upami hubungan tatakrama sareng atikan moral kumaha?
Wiréh Ibu Guru di
sakola kantos nyabit-nyabit sual éta.”
Mamah : “...........................................”
33. Jawaban nu merenah pikeun ngalengkepan dialog di luhur nya éta ....
a.
“Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh
raket pisan. Sok, Ratu badé naroskeun naon deui?”
b.
“Laku lampah urang téh kudu salawasna
hadé, luyu jeung ajaran agama urang.”
c.
“Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh
raket pisan. Malah mah nu disebut moral téh nya éta ahlak, ajaran ngeunaan laku
lampah hadé jeung goréng.”
d.
“Geuning tadi ogé ari naék mobil, sok
istri heula, ari lungsur sok pameget heula.”
PURBASARI
DIUSIR KU PURBARARANG
PURBARARANG (LAGU KUNASARI)
Teungteuingeun Rama Prabu,
teungteuingeun takdir diri,
teungteuingeun kadar awak,
teungteuingeun nasib diri,
teu nyana kawiwirangan,
apes teuing diri kami.
PURBARARANG (LAGU JEMPLANG TITI)
Ieuh kabéh nu ngariung,
sakséni nya sumpah kami,
kajeun babatang pasiksak,
tinimbang wiwirang diri,
awak téh taya ajénna,
kajeun tutumpuran diri.
|
34.
Di luhur téh minangka drama anu dialogna /
pagunemanana ditembangkeun atawa dikawihkeun, nu disebut ....
a.
gending karesmén c.
ngaréog
b.
sandiwara d. Ngagondang
1)
mekarkeun rangkay karangan
2)
ngumpulkeun bahan
3)
nyusun tujuan
4)
nulis daptar pustaka
5)
nangtukeun jejer (téma)
6)
nyusun rangkay karangan
|
35.
Susunkeun léngkah-léngkah nyieun karangan
ilmiah di luhur ngajadi wangun karangan anu
a.
5-3-2-6-1-4 c. 2-3-5-6-1-4
b.
5-3-6-2-4-1 d. 1-2-3-4-5-6
Baca
ieu wacana di handap kalawan taliti!
Harita
di Désa Karang Tanjung, ayeuna mah katelahna Désa Emplak --hirup
sapasang salaki-pamajikan. Nelahna Aki Angga Piara sareng Nini
Ambu Kolot.
Dina
hiji waktos Ki Angga Piara badé ka laut, kinten wanci sareupna Ki Angga Piara
parantos dadahut, mung hanjakal cuacana awon. Namung, Ki Angga Piara
kumeukeuh, anjeunna naék parahu seja ka lautan milarian lauk.
Dadak
sakala langit angkeub, kilat patingkolényay, gugur patingguludug, breg hujan
kawas nu ditamplokkeun, umpalan ombak neunggar parahu Ki Angga Piara. Buuuuuuuaaarrrrrrrrrrrr!
Barang kateunggar, parahu téh ancur. Ki Angga Piara kacandak ombak ka hilir ka
girang, kabuntang-banting.
Nini
Ambu ngadu’a sangkan tiasa dipendakkeun deui sareng
pamegetna. Teu
lami ti harita di tengah sagara
ujug-ujug kaluar batu karang, teras ngambang payuneun Ambu Kolot.
“Sing
yakin, batu karang anu ngambang di hareupeun téh asalna tina jelmaan Ki Angga
Piara. Jadi, ulah ngaharepkeun deui salaki anjeun bisa hirup kawas
sabihara-sabihari!” Kitu nu kakuping ku Nini Ambu tina sora anu gaib téh.
Nya
Nini Ambu calik dina batu karang téa, bari teu weléh nyurucud cisoca. Gedé
kanyaah sarta duriatna ka nu jadi salaki. Nini Ambu lungsur tina batu karang.
Brek deku mayunan batu karang anu ngambang. “Nun Pangéran abdi sadaya,
abdi kalintang nyaahna ka salaki abdi, salamina hoyong sasarengan. Jantenkeun
abdi sapertos salaki abdi.” Beuki murubut cisocana. Pamundut Nini
Ambu diijabah ku Pangéran.
Dadak
sakala langit anu tadina lénglang janten ceudeum. Paul ngajanggélék janten
pulas hideung, pihujaneun. Kingkilaban ting bérébét silih samber, siga anu
sukan-sukan, tur anginna anu tingsaléor kukurayeun. Jleg Nini Ambu
ngajanggélék janten batu karang. Persisna, papayun-payun sareng batu karang
ngambang jelmaan salakina. Wangunna sapertos awak nini-nini. Nya ti harita ku
warga sapanjang basisir, éta patempatan téh dinamian Karang Nini. Sedengken
batu karang anu ngambang di payuneunana, disebat Balé Kambang.
|
36.
Sabada hidep maca dongéng “Sasakala Karang
Nini”, tangtukeun amanat anu nyangkaruk dina éta dongéng!
a.
b.
c.
d.
|
Ki
Angga Piara ka laut rék milarian lauk
Ki
Angga Piara rék kabawa ombak ka hilir ka girang, kabuntang-banting
Istri
kudu satia ka nu jadi salaki
Nini Ambu Kolot anu gedé duriat ka nu jadi salaki
|
37.
Kacindekan tina naskah dongéng di luhur
téh, nya éta ....
a.
Pamundut Nini Ambu diijabah ku Pangéran
b.
Nini Ambu réla jadi batu balas nyaah ka salakina
c.
Nini Ambu calik dina batu karang bari
nyurucud cisoca
d.
Nini Ambu ngadu’a sangkan tiasa
dipendakeun sareng pamegetna
Pék baca tur tengetan
conto wawaran ieu di handap kalawan taliti!
Sakumna
Pangurus OSIS, dihaturanan sumping dina rapat Panitia Karyawisata ka Batu
Karas
dinten : Saptu
kaping : 14 April 2018
waktu : 13.30 dugi ka réngsé
tempat : Aula SMP Negeri 3 Langkaplancar
Peupeujeuh
ulah teu sumping! Urang badanten ngeunaan rarancang sareng jadwal
karyawisata.
Hatur
nuhun sateuacana
|
38. Eusi tina
wawaran di luhur téh nya éta ....
a.
Uleman karyawisata c.
Uleman pasanggiri
b.
Uleman rapat d. Uleman hajat
Hilman
: “Hallo, Assalamu’alaikum!
Tiasa nyarios sareng Irgi?”
Irgi
: “Wa’alaikum Salam, abdi Irgi, punten sareng saha ieu?
Hilman :
“..............................................................................”
Irgi : “Jadi atuh Man, urang bareng wé
mangkat ka lapangna”
|
39. Kalimah
anu merenah pikeun ngeusian paguneman dina telepon di luhur nya éta....
a.
“Urang téa, piraku teu wawuh, pan urang
téh sakelas.”
b.
“Lah tatanya teuing, didagoan nya di
lapang.”
c.
“Guning can mangkat ka lapang, Gi?”
d.
“Ieu Hilman, Gi jadi moal latihan méngbal
di lapang téh?”
Bandung jadi tambah kasohor sanggeus jadi puseur dayeuh karesidénan
Priangan. Ari asalna puseur dayeuh karesidénan téh di Cianjur. Mimiti aya
paréntah dipindahkeun ka Bandung téh taun 1856, sanajan prakna mah kakara
dina taun 1864. Teuing naon alesanana, waktu puseur dayeuh dipindahkeun,
harita Cianjur keur ngarandapan musibat bituna Gunung Gedé. Cacak mun harita
éta gunung henteu bitu, jigana puseur dayeuh karesidénan téh moal waka
téréh-téréh dipindahkeun ka Bandung.
|
40. Gagasan
utama tina sempalan sajarah lokal di luhur nya éta ....
a.
Karesidénan Priangan téh asalna di Cianjur
b.
asal muasal pindahna puseur dayeuh
karesidénan
c.
kondisi waktu puseur dayeuh dipindahkeun
d.
tambah sohorna Bandung sanggeus jadi
puseur dayeuh Karesidénan Priangan
B.
ESSAY
41.
Jieun hiji béwara (wawaran) kalawan écés
jéntré. Matérina bisa milih ngeunaan:
a)
miéling poé basa indung internasional
b)
kagiatan Persami (perkémahan
Saptu-Minggu)
c)
karyawisata ka basisir Pangandaran
d)
ngumpulkeun sumbangan pikeun korban
musibah alam
|
Tabél
Hasil Milih Pupuhu OSIS
SMPN
Satu Atap 1 Langkaplancar
Taun
2018
No.
|
Calon Ketua OSIS
|
Jumlah Sora anu Dicangking
|
Jumlah
|
|
Lalaki
|
Awéwé
|
|||
1
|
Danil
|
4
|
16
|
20
|
2
|
Irman Supriatna
|
11
|
7
|
18
|
3
|
Rani Riani
|
14
|
18
|
32
|
4
|
Naila Amani
|
0
|
12
|
12
|
5
|
Siti Hotimah
|
13
|
8
|
21
|
Jumlah
|
42
|
61
|
103
|
Abstain : 3
Ruksak : 2
42. Jieun tilu kalimah anu ngagambarkeun
kacindekan tina tabél di luhur!
Kahayang
Ku: Rastafara
Kahayang mah ngudag béntang
Marengan bulan
Anjeucleu, ngapak méga malang
Gupay pileuleuyan
Kuring miang ka bulan
Éndah, tumaninah dunya asa nu sorangan
Geuning, kuring sadar
Ieu téh ukur lamunan
Nu pamohalan tinekanan
|
43. Caritakeun deui eusi sajak di luhur kalawan
ngagunakeun basa hidep sorangan!
A: Héy tadi Pa
Indra masihan wawaran naon waé?
B: Éta cenah
badé aya Pasanggiri Basa Sunda.
A:
......................................................
B: Nembangkeun
Pupuh, Ngadongéng, jeung Maca Nulis Aksara Sunda. Lamun jadi pinunjul kahiji
atawa kadua di tingkat komisariat, otomatis urang bakal lomba deui di tingkat
kabupatén.
A: Hayu atuh
urang ngiringan. Abdi mah resep kana pupuh. Pupuh magatru, hiji tokoh dongéng
tangkuban parahu...huuuu..... Éh kumaha dih ka dituna téh? Hilap deui eung...
hihihi....
B: Ngudag-ngudag
Dayang Sumbi.....
|
44. Kalimah
anu merenah pikeun ngalengkepan dialog di luhur téh nya éta....
45. Wangun surat dines téh béda jeung surat
pribadi. Tataan tilu hal anu ngabédakeun antara surat pribadi jeung surat
dines!
--Wilujeng Dipidamel--
Comments
Post a Comment