Kumpulan Soal USBN 2018 Bahasa Sunda
A.
PILIHAN
GANDA
Wacana
Harita di Désa Karang Tanjung,
ayeuna mah katelahna Désa Emplak --hirup sapasang salaki-pamajikan.
Nelahna Aki Angga Piara sareng Nini Ambu Kolot.
Dina
hiji waktos Ki Angga Piara badé ka laut, kinten wanci sareupna Ki Angga Piara
parantos dadahut, mung hanjakal cuacana awon. Namung, Ki Angga Piara kumeukeuh,
anjeunna naék parahu seja ka lautan milarian lauk.
Dadak sakala langit angkeub, kilat
patingkolényay, gugur patingguludug, breg hujan kawas nu ditamplokkeun, umpalan
ombak neunggar parahu Ki Angga Piara. Buuuuuuuaaarrrrrrrrrrrr! Barang
kateunggar, parahu téh ancur.
Ki Angga Piara kacandak ombak ka hilir ka girang, kabuntang-banting.
Nini Ambungadu’asangkantiasadipendakkeundeuisarengpamegetna. Teu lami ti
harita di tengah sagara ujug-ujug kaluar
batu karang, teras ngambang payuneun Ambu Kolot.
“Sing yakin, batu karang anu
ngambang di hareupeun téh asalna tina jelmaan Ki Angga Piara. Jadi, ulah
ngaharepkeun deui salaki anjeun bisa hirup kawas sabihara-sabihari!” Kitu nu
kakuping ku Nini Ambu tina sora anu gaib téh.
Nya
Nini Ambu calik dina batu karang téa, bari teu weléh nyurucud cisoca. Gedé
kanyaah sarta duriatna ka nu jadi salaki. Nini Ambu lungsur tina batu karang.
Brek deku mayunan batu karang anu ngambang. “Nun Pangéran abdi sadaya,
abdi kalintang nyaahna ka salaki abdi, salamina hoyong sasarengan. Jantenkeun
abdi sapertos salaki abdi.” Beuki murubut cisocana. Pamundut Nini
Ambu diijabah ku Pangéran.
Dadak sakala langit anu tadina
lénglang janten ceudeum. Paul ngajanggélék janten pulas hideung, pihujaneun.
Kingkilaban ting bérébét silih samber, siga anu sukan-sukan, tur anginna anu
tingsaléor kukurayeun. Jleg Nini Ambu ngajanggélék janten batu karang.
Persisna, papayun-payun sareng batu karang ngambang jelmaan salakina. Wangunna
sapertos awak nini-nini. Nya ti harita ku warga sapanjang basisir, éta
patempatan téh dinamian Karang Nini. Sedengken batu karang anu ngambang di
payuneunana, disebat Balé Kambang.
1.
Sabada
hidep maca dongéng “Sasakala Karang Nini”, tangtukeun amanat anu nyangkaruk
dina éta dongéng!
a.
b.
c.
d.
|
Ki Angga
Piara ka laut rék milarian lauk
Ki Angga
Piara rék kabawa ombak ka hilir ka girang, kabuntang-banting
Istri kudu
satia ka nu jadi salaki
Nini Ambu Kolot
anu gedé duriat ka nu jadi salaki
|
2.
Kacindekan
tina naskah dongéng di luhur téh, nyaéta
....
a.
Pamundut
Nini Ambu diijabah ku Pangéran
b.
Nini
Ambu réla jadi batu balas nyaah ka salakina
c.
Nini
Ambu calik dina batu karang bari nyurucud cisoca
d.
Nini
Ambu ngadu’a sangkan tiasa dipendakeun sareng pamegetna
e.
Pék bacaturtengetancontowawaran ieu di handapkalawan
taliti!
Sakumna Pangurus OSIS,
dihaturanan sumping dina rapat Panitia Karyawisata ka Batu Karas
dinten : Saptu
kaping : 14 April 2018
waktu : 13.30 dugi ka réngsé
tempat : Aula SMP Negeri 3 Langkaplancar
Peupeujeuh ulah teu
sumping! Urang badanten ngeunaan rarancang sareng jadwal karyawisata.
Hatur nuhun sateuacana
|
3.
Eusi
tina wawaran di luhur téh nya éta ....
a.
Uleman
karyawisata c. Uleman pasanggiri
b.
Uleman
rapat d. Uleman hajat
Hilman
: “Hallo, Assalamu’alaikum!
Tiasa nyarios sareng Irgi?”
Irgi : “Wa’alaikum Salam, abdi Irgi,
punten sareng saha ieu?
Hilman : “..............................................................................”
Irgi : “Jadi atuh Man, urang bareng wé
mangkat ka lapangna”
|
4. Kalimah anu merenah pikeun
ngeusian paguneman dina telepon di luhur nya éta....
a.
“Urang
téa, piraku teu wawuh, pan urang téh sakelas.”
b.
“Lah
tatanya teuing, didagoan nya di lapang.”
c.
“Guning
can mangkat ka lapang, Gi?”
d.
“Ieu
Hilman, Gi jadi moal latihan méngbal di lapang téh?”
Bandung jadi tambah kasohor sanggeus
jadi puseur dayeuh karesidénan Priangan. Ari asalna puseur dayeuh karesidénan
téh di Cianjur. Mimiti aya paréntah dipindahkeun ka Bandung téh taun 1856,
sanajan prakna mah kakara dina taun 1864. Teuing naon alesanana, waktu puseur
dayeuh dipindahkeun, harita Cianjur keur ngarandapan musibat bituna Gunung Gedé.
Cacak mun harita éta gunung henteu bitu, jigana puseur dayeuh karesidénan téh
moal waka téréh-téréh dipindahkeun ka Bandung.
|
5. Gagasan utama tina sempalan
sajarah lokal di luhur nya éta....
a.
Karesidénan
Priangan téh asalna di Cianjur
b.
asal
muasal pindahna puseur dayeuh karesidénan
c.
kondisi
waktu puseur dayeuh dipindahkeun
d.
tambah
sohorna Bandung sanggeus jadi puseur dayeuh Karesidénan Priangan
Mangsa
harita, di wewengkon Majaléngka ngadeg tilu karajaan Hindu. Cakraningrat
ngaheuyeuk Karajaan Rajagaluh, Pucuk Umun di Talaga, jeung Nyi Rambut Kasih
ratu Sindangkasih. Kacaritakeun, sabagian tina wewengkon Sindangkasih masih
mangrupa leuweung geledegan. Di antara tutuwuhanana aya anu disebut tangkal
maja, anu hasiatna pikeun nyageurkeun kasakit malaria atawa muriang. Teu jauh
ti Sindangkasih, di Cirebon aya pamaréntahan anu dipingpin ku ulama sohor,
Syéh Sarif Hidayatulloh. Jaman harita,
di Cirebon sumebar kasakit muriang. Loba pisan anu kaserang, malah anu nepi
ka henteuna ogé réa deuih. Syéh Sarif ngutus Pangéran Muhamad jeung Siti
Armilah pikeun néangan buah maja. Nya terus éta dua utusan téh arindit.
Lantaran utusan Cirebon datangna ka Sindangkasih henteu permisi heula, Nyi
Rambut Kasih henteu sukaeun wewengkonna ditincak ku jalma lian. Antukna, ku Nyi
Rambut Kasih leuweung anu asalna rembet ku tangkal maja dadaksakala leungit
ilang tanpa karana. Atuh dua utusan téh teu manggihan buah anu keur
ditaréangan. “Majané langka, majané langka!” ceuk éta utusan dina basa
Cirebon, anu maksudna tangkal maja téh euweuh. Nya ti harita wewengkon
Sindangkasih nelah jadi Majaléngka.
|
6. Pasipatan Nyi Rambut Kasih
anu sidik tina sempalan Babad Majaléngka di luhur nya éta....
a.
geulis
kawanti-wanti b. Gede wibawa c.
gedé komarana d. sakti
mandraguna
1)
Tuluy
jieun adonan tina uyah saléter jeung bubuk bata dua léter (ukuranana 1:2),
sanggeus kitu kucuran cai sacukupna, galokeun nepi ka rata
2)
Mimiti,
siapkeun bahan anu diperlukeun, nya éta: endog meri, uyah badag, bata beureum
anu geus dibubukan, cai, jeung baskom
3)
Sanggeus
nyieun adonan uyah jeung bubuk bata, bulen endog sing rata. Simpen di tempat
anu aman kira-kira saminggu
4)
Kaduana,
pilih endog anu alus pikeun diasin, tandana nya éta endog henteu rengat atawa
buruk
5)
Sanggeus
saminggu kumbah endog tina pamulenna nepi ka beresih. Endog asin bisa diolah
boh dikulub atawa digoréng
|
7. Susunan paragraf éksposisi
di luhur anu bener nya éta....
a.
1-2-3-4-5 b. 2-4-1-5-3 c. 2-4-1-3-5 d. 2-4-3-5-1
Lemah
cai kuring
Geuning
geus loba nu kurang
Lemah
cai kuring
Geuning
geus loba nu hayang
|
8. Maksud eusi sajak di luhur
nya éta....
a.
kasadaran
kana kaéndahan lemah cai anu taya duana
b.
tong
loba carita ngeunaan lemah cai anu geus ruksak jeung sarwa kakurangan
c.
lemah
cai anu geus jadi ciri hiji bangsa aya dina kaayaan anu pikabungaheun
d.
sumber
daya alam loba nu ruksak tur loba urang deungeun anu hayang ngapimilik lemah
cai
9. Ungkara anu merenah
ditepikeun ku panumbu catur nalika muka acara debat nya éta....
a.
“Alhamdulillah,
asa bucat bisul ari geus satuju saréréa mah. Ku kituna, debat Pro Kontra Facebook
urang cukupkeun nepi ka dieu heula.
b.
“Tah,
kitu geuning pamadegan ti kelompok hiji téh. Kumaha, aya anu badé mairan?”
c.
“Alhamdulillah,
dinten ieu urang sadaya tiasa kumpul dina acara debat Pro-Kontra Facebook. Loba
pisan mangpaatna ku ayana FB téh. Tapi teu saeutik deuih kagorénganana. Ku
kituna, urang padungdengkeun ayeuna. Cing, kumaha, aya anu boga pamadegan
ngeunaan hal ieu?”
d.
“Nurutkeun
abdi, FB téh kacida diperlukeunana. Aya sawatara mangpaat ku ayana FB. Upamana
baé, bisa ngalobaan babaturan, bisa silih tukeuran informasi jeung batur, bisa
ngirim e-mail. Malah FB bisa dijadikeun lahan bisnis.
Abdi Silmi ti kelompok 4, matéri
anu didugikeun téh saé pisan mung sim kuring badé nambihan. Anu didugikeun ku
sadérék Rindi réhna aya nu nganggap yén musieum téh ngan saukur tempat
nyimpen barang-barang anu geus rongsok, barang heubeul, éta kacida lepatna
kumargi saleresna mah éta barang-barang téh tangtu ngagaduhan ajén sajarah
anu luhur. Anu tiasa janten pituduh keur urang ngeunaan kamekaran peradaban
bangsa. Janten sangkan henteu janten rongsokan, peryogi diperhatoskeun téh
kumaha cara ngarawat jeung miarana.
|
10. Anu ditepikeun ku Silmi
dina sempalan diskusi di luhur téh mangrupa kateupanujuan kana pamanggih Rindi
ngeunaan....
a.
anggapan
yén musieum loba gunana pikeun tempat nyimpen banda sajarah
b.
anggapan
yén musieum téh ngan ukur tempat nyimpen barang rongsok jeung heubeul
c.
anggapan
yén musieum bisa ngarumat jeung miara banda-banda sajarah
d.
anggapan
yén musieum jadi saksi kamekaran peradaban bangsa
11. Nyatetkeun hal-hal penting
atawa ngarékam jalanna sawala minangka tugas....
a.
pamilon b. panumbu catur c. moderator d.
notulén
12. Conto ungkara anu merenah
diucapkeun ku moderator dina ngadalikeun situasi sawala nya éta....
a.
Kelompok
2 cicing heula tong waka mairan!
b.
Sim
kuring panuju kana éta pamadegan, tapi perlu bukti
c.
Kacindekanana
hayu urang sami-sami merangan narkoba
d.
Kanggo
kelompok 2 mangga émutan heula éta masalah, jalaran pedaran ti kelompok 3
ngeunaan pangaruh narkoba teu acan réngsé
Data
Kacilakaan Lalu Lintas
Dumasar Jenis
Kandaraan
|
|||
No
|
Kandaraan
|
Taun
|
|
2017
|
2018
|
||
1
|
Beus
|
36
|
34
|
2
|
Treuk
|
64
|
32
|
3
|
Pick
Up
|
10
|
14
|
4
|
ST.
Wagon
|
33
|
44
|
5
|
Jeep
|
2
|
0
|
6
|
Sedan
|
5
|
1
|
7
|
Motor
|
331
|
323
|
8
|
Lain-lain
|
0
|
19
|
Jumlah
|
481
|
467
|
13. Tuduhkeun kalimah di handap
ieu anu saluyu jeung eusi tabél!
a.
kandaraan
motor mangrupa kandaraan anu data kacilakaanana pangsaeutikna
b.
kacilakaan
lalu lintas dina taun 2018 leuwih nurun dibandingkeun dina taun 2017
c.
mobil
sédan kaasup kandaraan anu data kacilakaan lalu lintasna panglobana
d.
data
di luhur nuduhkeun jumlah kacilakaan beus ningkat dina taun 2018
Geus
kitu jadi prihatin, Ibrahim teu pati genah, sok mindeng ngahuleng baé,
mikiran Alloh Ta’ala, kumaha nya panyipta, ya Alloh Nu Maha Agung, muga
maparin nya terang.
Unggal
poé unggal peuting, Ibrahim kitu pikirna, nyileuk ka pangéran baé, “muga
Alloh maring padang”, tengah peuting Ibrahim sujud, nyungkem padang
narawangan.
|
14. Sempalan wawacan di luhur téh
eusina nyaritakeun ngeunaan ....
a.
Ibrahim
anu gawéna mindeng ngahuleng
b.
Alloh
nu geus nyiptakeun Ibrahim
c.
Ibrahim
nu teu weléh nyuhunkeun pituduh ti Alloh
d.
sujud
jeung pasrahna Ibrahim
15. Wawacan di luhur ditulis
ngagunakeun patokan pupuh ....
a.
Kinanti b. Sinom c. Asmarandana d.
Dangdanggula
San,
asa tos lami nya teu tepang? Meni sonoooooooo pisan ka Santi téh. Komo basa
muka facebook Santi aya poto-poto
nuju ngaliwet sisi balong sareng réréncangan SMP Santi, Deuuuuuh.... resep
jigana téh, émut harita nuju urang ngaliwet téa di bumi Santi, heuuumm....
|
16. Eusi surat di luhur téh
ngébréhkeun....
a.
kahariwang b.
kasono c. kakeuheul d.
Kasieun
17. Sempalan di handap anu
nuduhkeun bagéan surat panutup nya éta....
a.
Sakali-kalieun
Galuh ameng atuh ka Pangandaran, urang ka Batukaras sasarengan. Diditu urang
naék banana boat. Galuh anu geulis.... tos heula nya seratna dugi ka dieu
heula. Sanés waktos disambung deui. Salam ka sadayana. Daaahhhhh....
b.
Luh
kumaha damang? Mugia Alloh nangtayungan Galuh sakulawargi salamina, Amiin.
Alhamdulillah Novi gé dina waktos ngadamel ieu serat mah nuju séhat walafiat,
teu kirang sawios-wios. Mung artos nu kirang waé téh hehehe
c.
Kang,
sakatampina ieu serat kumaha damang? Nuhun upami damang mah, Nida ogé dina
waktos midamel ieu serat aya hibar pidu’ana ti sadayana. Mamah sareng Apa ogé
daramang. Kumaha ari ua Icih sareng ua Dayat daramang? Muga-muga baé daramang
nya...
d.
Kang,
Nida hoyong ka Bandung dina waktos liburan. Upami Kang Dodit aya waktos, Nida
hoyong dipapagkeun di Terminal Leuwi Panjang. Dinten Senén ping 9 April, kinten-kinten
tabuh 10-an
Mal,
kumaha peunteun raport seméster ayeuna? Alus teu? Alhamdulillah urang mah
peunteun rapot téh aralus, malah mah meunang réngking ka 2 di kelas.
Alhamdulillah dihadiahan ku Apa ulin ka Pangandaran, sakalian nganjang ka
lanceuk nu tugas di ditu. Di Pangandaran téh resep pisan, kuring ulin ka
tempat wisata anu kasohor saperti ka Pananjung, Batu Karas, Cukang Taneuh,
tur ka tempat anyar anu keur hits dina instagram nya éta Jojogan.
|
18. Sempalan di luhur téh minangka bagian ....
a.
bubuka
surat b.
eusi surat c. panutup surat d. tujulna surat
1)
Padahal
pan jelas senyawa anu alus mah ayana dina bagian daunna.
2)
Mangpaat
entéh kakara bisa réa karasa mun nginum entéhna lain éntéh celup atawa entéh
bungkus kemasan.
3)
Sedengkeun
dina entéh kemasan, kandungan senyawa nu alus téh geus réa anu ruksak atawa
leungit.
4)
Dina
entéh celup atawa kemasan, kandungan senyawa nu alus téh kurang, kajaba ngan
réa ngandung caffein, sabab entéh celup mah eusina bubuk-bubuk daun entéh nu
umumna asalna tina bagian handap jeung batangna.
|
19. Susunan paragrap éséy di luhur anu pangbenerna nya éta....
a.
1-2-3-4 b.
4-3-2-1 c. 2-4-1-3 d. 2-3-4-1
Entéh nu asalna tina daun
camellia sinensei téh geus biasa diinum ti réwuan taun ka tukang kénéh. Ari
nu nimukeunana téh nya éta Kaisar Shennong di Cina taun 2737 SM. Ti Cina
entéh terus sumebar ka sakuliah dunya, kaasup ka nusantara.
Di wewengkon urang, entéh
téh mimiti dipelak di pagunungan Bandung taun 1863. Nu ngokolakeuanana
kulawarga Holle, Kerkhoven, jeung Bosscha. Kebon entéh téh terus ngalegaan
dina taun 1878 sabada datang bibit entéh unggul ti Assam. Ku heubeulna
kanyaho urang Sunda kana entéh, teu anéh mun keur masarakat Sunda mah nginum
entéh téh geus jadi kabiasaan. Mun dina sapoé teu nginum entéh téh jigana asa
teu sampurna.
|
20. Pikiran utama pada kahiji
dina sempalan éséy di luhur téh nerangkeun ngeunaan....
a.
asal
muasal entéh
b.
keluarga
Holle, Kerkhoven jeung Bosscha anu ngokolakeun entéh
c.
kebon
entéh terus ngalegaan dina taun 1878
d.
sumebarna
entéh di Nusantara
Baca cutatan naskah hutbah
ieu di handap kalawan taliti!
Anjeun
salawasna neneda sangkan bébas tina seuneu naraka, tapi anjeun sorangan
ngagebruskeun diri kana naraka. Ari kahayang meunang sawarga, ngan jalan ka
sawarga tara dirérét-rérét acan. Anggur jalan naraka anu geus direumpeukan ku
hahalang, dilabrak, diranjah.
|
21. Hal anu penting tina
sempalan naskah hutbah di luhur nya éta ....
a.
Hayang
asup ka sawarga
b.
Neneda
bébas tina naraka tapi milampah pinarakaeun
c.
Milampah
jalan pinarakaeun
d.
Salawasna
neneda sangkan bébas tina seuneu naraka
Pikeun
ngajawab patalékan nomer 22-23, pék ilo ieu sempalan hutbah di handap kalawan taliti!
Anjeun percaya kana ayana Allah,
tapi henteu nyumponan kana hak-hak-Na. Teu saeutik jelema hudang janari
tengah peuting, ngadegkeun tahajud, sholat hajat, dikir, jeung wiridan,
tujuanana ukur hayang mageuhan kalungguhan, unggah darajat, naék pangkat,
laris dagangan. Bari sama sakali teu miharep rido Allah SWT.
|
22. Kacindekkan tina sempalan
hutbah di luhur nya éta ....
a.
Percaya
ka Allah, tapi teu sumembah
b.
Henteu
nyumponan hak-hak Allah
c.
Jalma
nu hayang mageuhan kalungguhan jeung naék pangkat
d.
Teu
miharep rido Allah
23. Amanat tina hutbah di luhur,
nya éta ....
a.
Teu
percaya ka Gusti Allah c. Hayang unggah darajat
b.
Ibadah
miharep ganjaran d. Ibadah kudu ihlas
24. Ieu di handap minangka
padoman dina nepikeun kritik, kajaba ....
a.
Kritik
kudu ditepikeun ngagunakeun basa anu sopan
b.
Kritik
kudu dibarengan ku alesan anu puguh
c.
Kritik
teu kudu dibarengan ku alesan anu puguh
d.
Kritik
teu malulu ningali kahéngkéranana hungkul, saupama aya kapunjulanana ogé kudu
diaku
1) Nyebutkeun jejer (tema)
biantara
2) Nyieun kacindekan
(kesimpulan) biantara
3) Ngahaturkeun nuhun ka nu
hadir
4) Puji sareng Syukur ka
Alloh SWT.
5) Ménta idin tur
sanduk-sanduk rék biantara
6) Ménta hampura tina
kasalahan salila biantara
|
25. Bagian anu kaasup dina
kagiatan panutup biantara di luhur, nyaéta ....
a.
2-3-6 b. 1-4-5 c. 1-2-3 d. 2-4-6
Hapunten
abdi sanés baé mapatahan ngojay ka meri.
Sakitu
anu kapihatur.
Wassalamu’alaikum
Wr.Wb.
|
26. Harti paribasa dina
sempalan biantara di luhur téh nya éta ....
a.
Nitah
ngojay ka meri c.
Mapatahan ka nu pinter
b.
Ngagiring
meri d. Ngabobodo ka nu pinter
Pikeun ngajawab patarosan nomer 27,
28, jeung 29, pék baca sempalan novel ieu di handap!
“Ieuh, ieuh, manéhna, manéhna!
Geura hudang geus beurang! Tah déngékeun hayam raong kongkorongok,
manuk-manuk récét disarada,” cék Ambu Eméd ngageuingkeun salakina bari
diguyah-guyah.
“Eeeeh...! Karah ieu téh geus
beurang? Ari Si Eméd geus hudang, manéhna?” cék Pa Eméd bari nguliat, tuluy
hudang.
“Ih, si éta mah irahaeun teuing
hudang rebun-rebun, tampolana najan geus moncorong panonpoé ogé, ari teu di
guyah-guyah mah, tara buru-buru hudang,” omong Ambu Eméd.
“Cing hudangkeun, rék dibawa ka
sawah, sina diajar ngaseuk kacang!” Sanggeus ngomong kitu Pa Eméd léos ka cai. Ari Ambu Eméd tuluy asup
ka pangkéng rék ngageuingkeun Si Eméd.
“Eméd, hayu urang ka sawah, aing
bantuan ngaseuk kacang!” cék bapana.
“Naha isuk-isuk teuing, Pa?”
témbal Eméd.
“Ngarah iuh, jeung ngarah teu
babari capé,” cék bapana.
“Ah, kuring mah engké baé, ari
geus rada beurang ka sawah téh, ambéh ulah tiris teuing,” cék Eméd bari tuluy
ngagolédag deui kana anggel.
“Astagfirulloh! Na sia ieu, bet
kalah rék molor deui? pék sia engké digusur ku aing!”
“Keun baé atuh, manéhna, ulah
dipaksa ari embungeun mah! Engké baé ari geus rada beurang ku kuring
dijurungkeun ka sawah bari sakalian sina nganteuran!,”
“Beu, komo dipangmeunangkeun,
atuh beuki bahula baé umat téh, ana kitu mah tangtu saumur-umur ogé moal aya
kadaék.” Cék bapana.
“Wah, piraku! Sugan geus gedé ogé
boga pikiran sorangan.”
Barang bapana Eméd ngadéngé
omongan pamajikanana kitu, ngan gejlig, léos baé indit ka sawah bari
gegelendeng.
|
27. Watek anu kagambar dina
diri Eméd nyaéta....
a.
kedul b. adigung c. teu jujur d. babarian
28. Kalimah anu nguatkeun watek
Eméd dina sempalan novél di luhur nyaéta....
a.
Eeeeh...!
Karah ieu téh geus beurang? Ari Si Eméd geus hudang, manéhna?
b.
Ih,
si éta mah irahaeun teuing hudang rebun-rebun, tampolana najan geus moncorong
panonpoé ogé, ari teu diguyah-guyah mah, tara buru-buru hudang.
c.
Eméd,
hayu urang ka sawah, aing bantuan ngaseuk kacang!
d.
Wah,
piraku! Sugan geus gedé ogé boga pikiran sorangan.
29.
Dina
sempalan novél di luhur aya kalimah “Ari
Ambu Eméd tuluy asup ka pangkéng rék ngageuingkeun Si Eméd,” éta kalimah
nuduhkeun unsur intrinsik novél,nyaéta....
a.
watek
palaku b. latar
tempat c.amanat d. d. latar waktu
30. Ieu di handap minangka hal-hal
anu ngabédakeun novel jeung carita pondok ....
a.
Eusina
minangka carita imajinatif c.
Caritana méh sarua jeung kahirupan jalma biasa
b.
Kaasup
kana carita prosa anyar d.
Waktu anu diperlukeun pikeun maca éta karangan
Tengetan sempalan puisi ieu di
handap!
Dina
amparan sajadah
Abdi
sumujud pasrah
Diri
nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun
sadaya-daya
|
31. Jejer sajak anu dimusikalisasi
di luhur téh nya éta....
a. réligi b.
moral c. ahlak d. Tatakrama
32. Pék bacaturtengetancutatanwacana di handap!
Lumrah dina kahirupan manusa,
dina nyanghareupan hiji hal téh, aya nu pro jeung aya nu kontra.Aya nu sapuk
satuju, jeung aya nu keukeuh teu mikeun. Kitu deui dina urusan Play Station (PS). Kuring kaasup anu
kontra. Teu satujuna téh lamun tepi ka ngaganggu barudak anu kuduna keur
dihucuhkeun kana nyiar pangarti.
Loba di antara parasiswa di urang
anu sakolana bangkar gara-gara maén PS. Bébéja ka kolot
rék ka
sakola, ménta
ongkos ménta
bekel sailaharna nu rek nyiar élmu.Ti
imah jiga nu enya megat angkot, geus tepi ka sisi jalan gedékalah
nyimpang ka panyéwaan
PS. Nagen di dinya nepi ka beurang nepi ka waktuna bubar sakola....
(Dicutat
tina Manglé No.
2108 8-14 Maret 2007)
|
Téma
atawa jejer anu dicaritakeun dina wacana di luhur téh nya éta ....
a.
Budaya b. Religi c.
Téknologi d. Ékonomi
Pikeun
ngajawab pananya nomer 33-35, pék baca sempalan wacana ieu di handap!
Monyét Ngagugulung Kalapa
Ku: Dudum Sonjaya
Monyét
ngagugulung kalapa
téh kaasup paribasa lawas, ti jaman tai
kotok dilebuan tacan aya anu mesék “kalapa” anu digugulung baé monyét.
Jeung taya “monyét” nu panasaran kana eusi siloka ieu paribasa. Dina ayana
ogé anu ngahartikeun, cenah “nu boga élmu teu bisa ngamangpaatkeunana”.
Narima jawaban kitu téh deuih, nu nanya geus ngarasa sugema. Da nu nanyakeun
meureun kandel kulit beungeut.
|
33. Maksud paribasa monyét ngagugulung kalapa dina wacana di
luhur téh nyaéta....
a.
Nyaho
kana luarna hungkul c. Teu bisa ngungkulan pasualan
b.
Hayangeun
kana eusi kalapa d. Monyét kabitaeun ku eusi kalapa
34. Maksud paribasa tai kotok dilebuan dina wacana di luhur
téh nya éta ....
a.
Jaman
buhun b. jaman
now c. Jaman sajarah d. Jaman kiwari
35. Maksud paribasa kandel kulit beungeut dina wacana di
luhur téh nya éta ....
a.
Teu
boga kaéra b.
Ngerakeun c. éraan d.
pikaéraeun
Naon Sababna Mobil Maké
Gilinding?
...................................................
Ceuk élmu fisika, usikna hiji
barang, naha mobil atawa naon waé, dilantarankeun ku ayana dua gaya anu
mangaruhan éta barang. Dina Hukum Newton éta dua gaya téh disebut
aksi-réaksi. Lantaran aya gaya dorong tina mesin (aksi) mobil bisa maju
(réaksi). Salian ti éta, barang anu usik bakal nimbulkeun gaya gésékan jeung
barang anu séjénna. Gedé leutikna gaya gésékan anu tumerap kana hiji barang
dipangaruhan ku rupa-rupa paktor, di antarana sipat; sipat barangna (naha
benda padat ka benda padat, benda padat ka benda cair, jsb.); lemes-kasarna;
lega-henteuna, jeung wangunna.
|
36. Eusi wacana di luhur téh
nyaritakeun ngeunaan ....
a.
Hukum
Archimides c. Hukum Gravitasi
b.
Hukum
Newton d. Hukum
Boyle
Ilo naskah sajak ieu di handap
kalawan taliti!
Nu Nyusuk dina Sukma
(Chye Retty Isnendes)
Dina badra Ambu nitipkeun caang
bisi Enung kapoékan
Dina surya Ambu nitipkeun daya
bisi Enung kalémpohan
Dina geni Ambu nitipkeun panas
bisi Enung kabulusan
Dina angin Ambu nitipkeun hiliwir
bisi Enung bayeungyang
|
37. Eusi sajak di luhur téh
nyaritakeun....
a.
kanyaah
anak ka indungna c. kaayaan Enung anu keur susah
b.
kanyaah
indung ka anakna d. kaayaan Ambu anu keur susah
Pék bacaturtengetancontodialog ieu di handapkalawan
taliti!
Putri :
“Mah, wios upami Putri naros ka Mamah?”
Mamah :
“Naros naon, Put? Bangun nu daria pisan.”
Putri :
“Ari tatakrama téh naon, Mah?”
Ratu :
“Tétéh terang, Mah! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?”
Mamah :
“Leres. Sakumaha ceuk Téh Ratu, tatakrama téh mangrupa aturan
sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama téh
jembar pisan. Dina nyarita, waktu nyémah atawa natamu, maké papakéan, waktu
dahar, anggah-ungguh awak malah mah ngaliwat ka payuneun jalma ogé apan aya
tatakramana.”
Putri :
“Upami dina anggoan kumaha, Mah?”
Ratu :
“Upami waktu natamu kumaha, Mah?”
Mamah :
“Upama dina papakéan mah nu dipake ku urang téh kudu diluyukeun
kana waktu jeung situasina. Upama dina waktu natamu
mah di antarana kudu ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”
Ratu :
“Mah, upami hubungan tatakrama sareng atikan moral kumaha?
Wiréh Ibu Guru di sakola kantos
nyabit-nyabit sual éta.”
Mamah :
“...........................................”
38.
Jawabannu
merenah pikeun ngalengkepan dialog di luhurnyaéta....
a.
“Hubungan
tatakrama jeung atikan moral téh raket pisan. Sok, Ratu badé naroskeun naon
deui?”
b.
“Laku
lampah urang téh kudu salawasna hadé, luyu jeung ajaran agama urang.”
c.
“Hubungan
tatakrama jeung atikan moral téh raket pisan. Malah mah nu disebut moral téh
nya éta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng.”
d.
“Geuning
tadi ogé ari naék mobil, sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula.”
PURBASARI DIUSIR KU
PURBARARANG
PURBARARANG
(LAGU KUNASARI)
Teungteuingeun
Rama Prabu,
teungteuingeun
takdir diri,
teungteuingeun
kadar awak,
teungteuingeun
nasib diri,
teu
nyana kawiwirangan,
apes
teuing diri kami.
PURBARARANG
(LAGU JEMPLANG TITI)
Ieuh
kabéh nu ngariung,
sakséni
nya sumpah kami,
kajeun
babatang pasiksak,
tinimbang
wiwirang diri,
awak
téh taya ajénna,
kajeun
tutumpuran diri.
|
39. Di luhur téh minangka drama
anu dialogna / pagunemanana ditembangkeun atawa dikawihkeun, nu disebut....
a. gending karesmén b. sandiwara c. ngaréog d.
Ngagondang
1) mekarkeun rangkay
karangan
2) ngumpulkeun bahan
3) nyusun tujuan
4) nulis daptar pustaka
5) nangtukeun jejer (téma)
6) nyusun rangkay karangan
|
40. Susunkeun léngkah-léngkah
nyieun karangan ilmiah di luhur ngajadi wangun karangan anu sistematis!
a.
5-3-2-6-1-4 c. 2-3-5-6-1-4
b.
5-3-6-2-4-1 d. 1-2-3-4-5-6
B.
ESSAY
41. Jieun hiji béwara (wawaran)
kalawan écés jéntré. Matérina bisa milih ngeunaan:
a) miéling poé basa indung
internasional
b) kagiatan Persami
(perkémahan Saptu-Minggu)
c) karyawisata ka basisir
Pangandaran
d) ngumpulkeun sumbangan
pikeun korban musibah alam
|
Tabél Hasil
Milih Pupuhu OSIS
SMPN Satu
Atap 1 Langkaplancar
Taun 2018
No.
|
Calon
Ketua OSIS
|
Jumlah
Sora anu Dicangking
|
Jumlah
|
|
Lalaki
|
Awéwé
|
|||
1
|
Danil
|
4
|
16
|
20
|
2
|
Irman
Supriatna
|
11
|
7
|
18
|
3
|
Rani
Riani
|
14
|
18
|
32
|
4
|
Naila
Amani
|
0
|
12
|
12
|
5
|
Siti
Hotimah
|
13
|
8
|
21
|
Jumlah
|
42
|
61
|
103
|
Abstain : 3
Ruksak : 2
42. Jieun tilu kalimah anu ngagambarkeun
kacindekan tina tabél di luhur!
Kahayang
Ku: Rastafara
Kahayang
mah ngudag béntang
Marengan
bulan
Anjeucleu,
ngapak méga malang
Gupay
pileuleuyan
Kuring
miang ka bulan
Éndah,
tumaninah dunya asa nu sorangan
Geuning,
kuring sadar
Ieu
téh ukur lamunan
Nu
pamohalan tinekanan
|
43. Caritakeun deui eusi sajak di luhur kalawan
ngagunakeun basa hidep sorangan!
A: Héy tadi Pa Indra masihan
wawaran naon waé?
B: Éta cenah badé aya Pasanggiri
Basa Sunda.
A:
......................................................
B: Nembangkeun Pupuh, Ngadongéng,
jeung Maca Nulis Aksara Sunda. Lamun jadi pinunjul kahiji atawa kadua di
tingkat komisariat, otomatis urang bakal lomba deui di tingkat kabupatén.
A: Hayu atuh urang ngiringan.
Abdi mah resep kana pupuh. Pupuh magatru, hiji tokoh dongéng tangkuban
parahu...huuuu..... Éh kumaha dih ka dituna téh? Hilap deui eung...
hihihi....
B: Ngudag-ngudag Dayang
Sumbi.....
|
44. Kalimah anu merenah pikeun
ngalengkepan dialog di luhur téh nya éta....
45. Wangun surat dines téh béda jeung surat
pribadi. Tataan tilu hal anu ngabédakeun antara surat pribadi jeung surat
dines!
--Wilujeng
Dipidamel--
Comments
Post a Comment